Nyalindung Kana Aturan, Ekskutip Dumasar Episiensi

Jaman sakieu keur werit ku duit lain ukur karandapan ku rayat leutik anu hirupna ukur koreh-koreh cok, leg…..! Dalah pamarentah nu aya puseur dayeuh ge tepi ka daerah oge sarua nandangan kaprihatinan anggaran anu kawilang eungap. Nu matak ti mimiti petinggi nu aya pudeur dayeuh, pangagung nu aya di tingkat regional, sumawona kauangan nu aya di daerah/kabopaten teu sirikna ambekanana oge Senen Kemis.
“Asa pikakaraeun nya Tong kahirupan jaman kiwari kondisi kauangan daerah sedang tidak baik-baik sajah. Aya kituna Ka mah. Da rek silih salahkeun mah moal aya tungtungna, nu puguh mah nambahan pacengkadan diantara papada arurang. Atuda sakabeh pelaku kebijakan arembung disalahkeun, kabehanan oge ngarasa bener kabeh, meureun nya Tong?” tanya Mang Suadma, ngamimitian ngomong ka Si Otong.
“Duka atuh Mang, abdi mah asa tos mulek mirengkeun kondisi kauangan daerah kacida samporetna teh. Mangga bae eta mah nyanggakeun kanu gaduh pokal masing-masing. Margi eta pasualan sanes bahaseun urang, dalah nu ngokolakeunana oge tambih jangar,” jawab Si Otong.
“Heueuh kana kituna mah, lain bahaseun urang anu kasebutna cacah rucah atah warah, dalah nu palinter oge parahi ngaluarkeun jurus pikeun berkelit masing-masing, da embung katuduh milu ngiruh tea,” tembal Mang Suadma.
“Nya atuh… ayeuna urang candak hikmahna bae, supados kapayun teu aya deui istilah itu, istilah ieu, nu penting sami-sami lungsur-langsar tur beres roes enggoning ngokolakeun kauangan daerah,” walon Si Otong.
“Heueuh nya Tong kamandang andika hade pisan. Malahan pangagung nu aya di lembur urang nolak rek dibere pasilitas mobil dines teh padahal geus dianggarkeun pikeun kapentingan mere pangladen ka sakumna rahayat. Hade pisan eta pangagung teh, ngarti kana kaayaan kauangan daerah anu sakieu samporetna. Tibatan dibeulikeun kana mobil dines anyar anu regana ngamilyar, anggursi dipake biaya program nu keur dihareupan demi kapentingan masarakat. Atuda sakieu kaayaan daruratna, kudu tumpak mobil mewah, baruk teh mobil nu itu ge aya keneh, cenah tur bisa dipake keneh,” cek Mang Suadma, panjang lebar.
“Jembar pisan hatena eta pangagung teh nya Mang, kersa diajak prihatin. Ngan nya kitu, aya ketua jeung unsur pingpinan anu tadina moal nampi mobil dines teu sakara-kara ayeuna nyuhunkeun dicumponan,” omong Si Otong.
“Tah.. eta mah andika kudu ngarti, tibatan kudu mairan waragad tiap keur keur transportasi mending dipangmeulikeun mobil. Eta ketua jeung pingpinan lain jalma samanea, lamun teu bere mobil dines kudu mairan ongkos transportasi anu jumlahna satuan gedena alahbatan waragad meuli mobil anyar. Antukna dua pihakanana sepakat, anu hiji nyalindung kana aturan, pihak ekskutip dumasar kana epesiensi. Lamu disundakeun mah, batu turun, keusik naek, ketua jeung pingpinan purun pon kitu pihak ekskutip oge daek. Lamun teu sapagodos kitu, tangtu bakal silih betot kepentingan. Kusabab dua pihakanan geus komitmen batur turun keusik naek, itu purun urang daek, nya ahir no problim. Cek urang wetan tea mah, jah…. anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, sugan eta ge, dhoh….?” cek Mang Suadma.(Kang Emsul)