Sabiwirhiji

Teu Kabawa Mutasi Teu Cukup Dibebenjokeun

Cek beja, duka enya teuing bener, baruk teh Kepala SMP anu lokasi
sekolana di tutugan gunung beulah kulon, teu kabawa mutasi. Padahal
eta kepala sakola teh dumasar kana hasil penilaian sacara fisik hade,
pon kitu ditilik tina unsur sejenna alus, tapi naha teu dijadikeun bahan
pertimbangan pingpinan di eta kantor dinas. Padahal dines di eta tempat
ijab geus lima taun, kuduna ge bisa dua kali pindah. Tapi kabuktian
dipelak bae di eta wewengkon, karunya atuh tidak manusiawi.

“Kunaon cenah nya Tong, kapala SMP geus lima taun tugas di eta
tempat angger keneh teu pindah-pindah?” tanya Mang Suadma, gunem
catur jeung Si Otong.
“Duka atuh Mang, manawi kaanggo ku atasanana, margi teu aya deui
gentosna,” jawab Si Otong.

“Baruk teh kapake, lain hartina pedah kapake kudu nyeleto bae di hiji
enggon (tempat). Apanan batur ge anu karek dua taun mancen tugas
teu harese ieuh tur jiga nu babarieun gusar-geser ka sekola sejen.
Komo bari jeung alesanana euweuh gantina, modus eta mah Tong!” cek
Mang Suadma.

“Bilih atuh aya kakirangan anu matak ngajantenkeun teu kacandak
mutasi?” tanya Si Otong.
“Sual kakurangan satiap manusia pasti aya, rek neangan nu sampurna
mah moal aya, iwal ti roko nu sampurna mah,” omong Mang Suadma.
“Sanes kitu Mang, bilih atuh aya anu matak janten pertimbangan sanes
dugi ka eta bapa kapala teu diperhatoskeun pisan. Hawatos mang, abdi
mah sok nganes upami ningali jalmi dikekeyek anu teu jelas
kalepatanana,” jawab Si Otong.

“Boro-boro andika, kaula ge sarua. Lamun enya tea aya nu teu sreg
ulah kitu carana. Cik panggil atuh dari hati ke hati, kakurangan anjeun
teh naon, itu atawa ieu. Sangkan jadi bahan epaluasi keur duanana, nya
keur pingpinan pon kitu nu jadi bawahanana. Ulah dumasar kana suka
dan tidak suka, paur Mamang mah. Teu kudu kitu carana,” cek Mang
Suadma.

“Leres nya Mang urang ulah pedah nuju gaduh wewenang, namung teu
kedah sawenang-wenang. Margi saniskara amal perbuatan anu
dipilampah ku urang tur matak mangnyerikeun hate batur, abdi mah
inggis ku bisi rempan ku sugan. Margi jalmi mah saniskara amal
perbuatan anu dipilampah, tangtos di aherat bakal aya balitungan.
Benten sareng sato, paeh ge ukur bilatungan,” walon Si Otong, panjang
lebar tepi ka Mang Suadma, colohok bari gogodeg bakating milampah
kahirupan teh matak palalaur.

“Sukur andika ari tepi kadinya mah, pomi lamun anjeun kaparengkeun
jadi pingpinan enggoning ngalaksanakeun kabijakan kudu dibarengan

ku hate anu ihlas. Ulah dibarengan ku dholim ka batur, bisi aya
balukarna, cek kolot tea mah. Masing eta kepala SMP aya nu
ngarerema, wayahna enggke ge diperhatikeun, apanan ari hate leutikna
mah meureun nyarita asa diteungteuinganeun. Salila lima taun parat
ngotokowo di eta tempat, unggal aya mutasi tara kabawa, cukup
dibebenjokeun. Cik atuh bere kasempatan sarua jeung batur apanan
bisa, nya naon hesena. Heueuh da lamun rek dipikiran mah matak
menit, malah saditueun ti menit. Cek urang wetan tea mah, jah…
anjogna mah…?”(Kang Sul)

Related Articles

Back to top button