Nerapkeun Manajemen Talenta Ulah Terlunta-lunta
Iraha rek aya mutasi, rotasi jeung promosi peupeujeuh ulah rek diarep-arep, sabab bisa ngendoran kana sumanget gawe. Hanas diarep-arep tepi ka cangkeul beuheung sosonggeteun, beak mingguna, erep poena, komo cek beja moal dipilampah tepi ka sataun landung (taun hareup), geus lain arep-arepeun.
“Kunaon Mamang sapertos baperjakat bae, ngutak-ngatik kana urusan mutasi sagala. Urang mah rahayat kantun nongton kumaha geprakna bae, da moal janten naon-naon ieuh sanes?” tanya Si Otong.
“Memang enya taya patula-patalina jeung kaula mah, rek aya mutasi atawa euweuh mutasi moal aya matakna. Ngan urang mah sebagai penongton yang baik teu naha-naha ukur lalajo wungkul mah. Anu teu meunang soteh, lamun Mamang selaku tukang koprek interpensi kana eta urusan anu lain jalurna,” tembal Mang Suadma.
“Abdi mah salaku pagawe rendahan, iwal ti pasrah. Atuh bade dimutasi mangga, henteu sawios, atuh nuhun upami kacandak promosi. Margi ari promosi sareng mutasi teh mangrupi peluang kanggo pagawe sajeroning meniti karier dumasar kana hasil penilaian kinerja pimpinan. Kitu manawi Mang….!” jawab Si Otong.
“Tah kitu bae ari pagawe mah ulah loba teuing uget,” cek Mang Suadma, singget.
“Namung upami teu ugat-uget dianggapna sapertos anu teu gaduh kahoyong, apanan ningali nu sanesna mah sanes ugat-uget deui malihan pating berebet sapertos anu kasieunan katinggaleun kareta,” jawab Si Otong.
“Kaula teu apal kana urusan mutasi jeung promosi mah da lain bagianana, ngan bae sok ngabandungan anu patingberebet sangkan meunangkeun posisi luyu jeung kahayangna,” cek Mang Suadma.
“Duka atuh Mang, teu kitu abdi mah, kumaha clak putih, clak herang, kapercantenan pingpinan, mangga bade dibabetkeun kamana oge ari tega mah,” omong Si Otong.
“Mamag nanya ka anjeun, mutasi alam kiwari, rek make sistem naon bae? Aya kitu sistim Juksung?” tanya Mang Suadma.
“Punten Mang, perkawis Juksung mah dina urusan lelang pausahaan anu bade ngajalankeun proyek, sanes dina urusan mutasi. Dina urusan birokrasi mah aya oge open biding, merit sistem atanapi manajemen talenta anu bade diberlakukeun alam kiwari. Kitu manawi,” jawab Si Otong.
“Kaula mah teu apal naon eta open biding, open bodong, atawa manajemen talenta anu kalunta-lunta. Nyaho soteh lamun aya pagawe naek jabatan atawa promosi jeung dirotasi, anu katingali ku mata sorangan. Eta mah rek make cara open biding/open bodong atawa multi talenta ngan ulah rek kalunta-lunta. Sabab lamun ngalarapkeun manajemen talenta terlunta-lunta, atawa kalilaan teuing akibat diulur-ulur, yakin eta kabijakan bisa keuna ku hama. Apanan cek ahli pertanian oge lamun hayang tatanen salamet tina serangan hama kudu milampah pola tanam secara serempak, pemupukan berimbang tur ngalaksanakeun 10 jurus pertanian. Insya Alloh, eta tatanen hasilna bakal hade. Komo di daerah batur geus rek dua kali milampah pola tanam (mutasi jilid dua), cenah. Cek urang wetan tea mah, jah…. anjogna mah……, teuing lah….!” omong Mang Suadma, nepikeun harewosna para netijen.(Kang Emsul)



