Sabiwirhiji

Karunyaan Keneh Jalma Leutik Ningali Sasamana Sangsara

Balukar reregaan arundak, kabutuhan hirup pasti kabawa ararundak.
Kaasup uyah jeung delan (tarasi) ge anu sapopoena dicocolan ku jalma
leutik regana ngadadak kabawa undak. Komo lamun katurug katutuh ku
naekna harga minyak, pasti karasa pisan ngababukna kana sagala rupa
aspek kahirupan, hususnya pikeun jalma leutik. Komo anu hirupna ukur
ngandelkeun panitah jalma (buburuh), matak piwatireun. Kumaha teu kitu,
atuh aya bae nu nitah meureunan bisa nyatu, lebah keur suwungna (taya
rejekina) meureunan ukur nelegan ciduh. Deudeuh teuing dulur kuring…..!
“Biasana lamun hahargaan nerekel sok sawan kuya, gampang naek,
harese turun. Tangtu jenuk pangusaha anu ngangluh, komo keur jalma
leutik mah teu sirikna ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat. Bisa
jadi ku arundakna eta harga kabutuhan poko bakal nimbulkeun kamiskinan
nu leuwih ekstrim. Rek dikumahakeun ari geus kieu, nya Tong?” tanya
Mang Suadma.
“Sobar… shobar ….Mang, da sanes nyalira. Sanaos urang bade udag-udug
ka saha margi da atos kieu kabuktosanana. Manawi kedah ditampi bae
Mang,” walon Si Otong.
“Sabar-sabar kumaha, sugan ari wadah boled (beuteung) atawa peujit
murilit can kasasaban dahareun bisa dibebenjokeun. Andika kitu soteh,
boga arep-arepeun keneh gajih bulanan, tacan tina sesemperanana anu
gedena saditueun tigajih, nya meureun masing rek sibeungeut ku limun
oge bisa,” tempas Mang Suadma.
“Apanan eta oge atos diusulkeun ka nu dilaluhur sangkan harga kabutuhan
poko tiasa dikadalikeun tur kabual ku sakumna rahayat. Kitu manawi,
Mang!” walon Si Otong.
“Ulah sok ngabebenjokeun jalma, naon bae alesanana, anu puguh mah teu
karasa ku batur, kanyeri jeung kapeurih hirup iwal ti kunu ngarandapanana.
Buktina masing jenuk nu ngusulkeun lain ge turun reregaan teh, kalah ka
tambah maceuh. Geuraheun eta para pangagung ngadeleh rea nu
katalangsara euweuh we boga rasa deudeuh jeung kasedih ka jalma teh,”
cek Mang Suadma.
“Leres oge nya Mang, upami leres kitu asa kacida,” cek Si Otong.
“Nya heueuh atuh, karunyaan keneh jalma leutik lamun aya sasamana anu
hirupna katalangsara. Belaan silih berean da ngarasakeun ka awak
sorangan lamun keur sangsara euweuh nu nulungan teh. Buktina anu
ngusulkeun itu ngusulkeun ieu sangkan hahargaan turun apanan rereana
jalma leutik, lain nu jaregud ieuh. Nu matak karunyaan keneh jalma leutik
tibatan anu kasebutna pangagung papayung agung anu gawena diugung-

ugung, tapi angger dengdek lamun ningali rayat leutik patingkoceak
balukar rega ararundak teh. Endi atuh…ngahuntu bae, jah……!” cek Mang
Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button