Kudu Bisa Ngatik Reujeung Ngadidik Budak

Nyoreang mangsa ka tukang, kondisi sakola katut kahirupan bapa ibu
guruna kacida basajan (saderhana) dina sagala rupana. Murid SR
(Sekolah Rakyat) harita, mun ayeuna mah SD, estu nandangan prihatin tur
satalangsara deuih. Baju murid ukur saraket diawak lain paribasa deui, da
kitu kabuktianana. Guru anu kasubutna mewah ka sakola lain tumpak
prahoto (mobil), tapi ngaboseh sepedah.
“Kumaha atuh Mang kaayaan muridna harita aya anu gaya?” tanya Si
Otong.
“Dimendi teuing, Tong. Barudna ka sakola cukup make kolor anu geus
kuleuheu da euweuh deui, jeung make kaos oblong anu sok dipake ngarit.
Da budak baheula mah balik ti sakola teh lain ulin, tapi dititah ngarit dumeh
boga parabaneun saperti domba, kelenci, mermut jeung sajabana,” walon
Mang Suadma.
“Deudeuh teuing, sedih atuh nya Mang?” tanya Si Otong.
“Ah, teu sedih teu naha da kahirupan harita mah kitu. Anu kasebutna anak
jalma beunghar teh ukur hiji dua, beunang diitung ku ramo sabeulah.
Upamana bae anak bapa mantri, anak jalma aya anu pindahan ti kota. Da
mekel dahareun ka sakola ge roti. Urang mah harita dahar gemet atawa
goreng aci teh geus edeg, asa pangheueuhna,” jawab Mang Suadma.
“Kacida nya Mang, upami abdi ayeuna ngarandapan hirup sapertos kitu
jigana moal tahan,” walon Si Otong, semu birigidigeun.
“Nya heueuh, nu matak budak sakola di jaman now mah epes meer (teu
tahan banting tur ogoan). Beda jeung jaman Mamang, ka sakola nyeker,
jarang jajan, mun lapar ulin ka pecalan boled anu tas dipanen. Sugan aya
sesa boled nu katinggaleun dina pecalan, biasana sok aya boled
tinggaleun lumayan keur ganjel-ganjel beuteung tamba lapar. Lamun
hayang nginum, cukup nimba cai sumur, regot-regot diinum da teu nyeri
beuteung ieuh,” omong Mang Suadma.
“Ampun Gusti, kasangsaraan teh seepeun ku nyalira nya Mang. Namung
kumaha kualitas pendidikanana tur ahlakna eta barudak?” tanya Si Otong,
panasaran.
“Pokona dijamin haransi. Nu jereneng di pamarentah atawa anu nyangking
kalungguhan di ieu nagara sabagian gede hasil didikan guru jeung kolot
baheula. Padahal guru baheula cukup kaluar SGB atawa SGA, tapi
mibanda tanggungjawab anu kawilang punjul. Ngalaksanakan tugas lain
ukur ngajar maca, nulis jeung ngitung. Tapi dibarengan ku hate anu ihlas.
Salian ngadidik, oge ngatik barudak ku budi pekerti anu hade, nu matak ka
guru jeung ka kolot sarua hormatna. Euweuh kacaturkeun siswa nandasa
guru tepi ka perlaya (maot). Numatak lamun hirup hayang sukses, guru
jeung kolot kudu mibanda tanggungjawab anu sarua pikeun ngatik
reujeung ngadidik budak. Jadi pagawe nagara teh lain ukur ngagugurkeun
kawajiban, pon kitu nu jadi kolot oge ulah lerjeung ka nu jadi anak, tapi
kudu sarua mibanda tanggungjawab nu leuwih jembar pikeun ngatik
rejueng ngadidik demi kamajuan generasi bangsa ka kahareup,” cek Mang
Suadma.(Kang Emsul)