Partai Teu Ngusung Birokrat Potensial, Terlalu….!

RARASAAN asa kamari ieu pilihan teh, ayeuna (taun ieu) rek pililhan
deui bopati kalawan serempak di sakuliah lemah cai. Teuing enya,
duka bener, danget-danget ieu para kandidat keur tihothat pikeun
marebutkeun rekom ti masing-masing pupuhu partai nu aya di
puseur dayeuh.
Pon kitu diinteren partaina sorangan keur meumeujeuhna
harengheng, da masing sagerbong ge parahi hayang meunang
rekomendasi ti tonggoh pikeun sarat makalangan.
“Katenjona mah sasama beus kota oge jiga nu akur, padahal
diantara maranehanana keur silih seging sangkan rekomendasi ti
pingpinan partai pusat ragrag ka manehna. Jah… pulitik, kaula mah
teu ngarti sapisarateun komo keur nu bodo model Mamang mah.
Ngabandunganana oge menit, malah saditueun ti menit, mending
kerek di pos ronda sakalian koprek (ronda malam) bari
ngahudangkeun saur,” cek Mang Suadma.
“Mamang mah aya-aya bae, ongkoh sare tapi bari koprek, bade sare
mah sare bae atuh Mang, teu kedah sare bari koprek. Kukumahaan
eta teh,” cek Si Otong.
“Da heueuh atuh, rek mikiran pulitik mah matak jangar, nya Tong!”
jawab Mang Suadma.
“Kunaon Mamang ngemutan pulitik sagala, anggota dewan sanes,
pulitisi sanes, pon kitu pengamat oge sanes? Namung sapertos nu
serius upami nyabit-nyabit Pilkada teh?” tanya Si Otong.
“Andika mah teu kaop aing rada cerdas, embung bae kaluhuran
saised ge, buktina andika sok ngece tur nganggap sapele ka kaula
teh. Masing kaula tukang buburuh koprek ge kudu apal kana urusan
pulitik mah, sangkan rada melek saeutik. Apanan di daerah urang
ge rek aya Pamilukada Bopati lain?” tanya Mang Suadma.
“Atuh kantenan, pasareng kabupaten/kota sanes anu kaparengkeun
Pamilukadana serentak tea. Atuh kedah tatan-tatan urang nu janten
rahayatna pikeun nyukseskeun eta pesta demokrasi teh,” jawab Si
Otong
“Bener pisan maneh Tong. Kumaha perkembangan pulitik di lembur
urang ayeuna?” Mang Suadma malik nanya.
“Atuh ti kalangan partai anu bade makalangan ayeuna nuju
persiapan ngayakeun rapa-rapat tur milampah silaturahmi pulitik
ka tiap konsituen sangkan kanilai ku pingpinan partai nu aya di
pusat kalawan diharepkeun turun rekomna pikeun nyalon kapala
daerah engke,” omong Si Otong,
“Ke,ke, ke, geuningan asa tibalik kadengena teh. Baruk calon bopati
keur tihothat ngadeukeutan pingpinan partai nu aya di pusat
sangkan meunang rekom?
Disagedengeun ti eta, tidak kalah penting, partai kudu waspada
tingal pikeun pendekatan ka calon bopati/wakil bopati, hususna ti
kalangan birokrat (pejabat) anu mibanda kapasitas tur bisa
ngadongkrak suara demi kemenangan Pilkada.
Di lembur urang ge aya salahsaurang pejabat tinggi anu kawilang
mumpuni tur geus teruji kabisana, piraku andika teu apal?
Asa manghajakalkeun lamun di lembur urang aya pejabat anu
mibanda kapasitas, kreatifitas, pisioner tur propesional tapi teu
dimanfaatkeun ku partai pulitik pikeun diusung atawa didukung
pikeun jadi calon bopati/wakil bopati.
Saupamana partai politik teu ngusung atawa ngadukung ka eta
pejabat anu kawilang potensial, proporsi tur propesional, asa ter-
la-lu…..! Atuda rek neangan nu model kumaha deui?” tanya Mang
Suadma.(Kang Emsul)