Dilelewe Ku Panto Geuraheun Teu Eraeun

SAWATARA mobil nu parkir di unggal super market meh teu kaasupkeun saking lobana, tur rereana kendaraan mewah deuih. Mobil butut mah arang langka nongkrong di toko swalayan teh, nya meureun kendaraan odong-odong mah rek naon lunta-lanto ka super market, kuriak ngadon mogok menta disusurung ku tukang parkir.
“Heueuh mobil mah marewah, lebah baramaen menta receh, cukup nyebutkeun persaben. Eleh ku nu tumpak mobil odong-odong, teu tegaeun rek ngalengohan nu baramean teh,” ceuk Mang Suadma.
“Leres Mang, aya kalana kitu jalmi beunghar teh. Merewingna alahbatan mertawali, nya pait nyongkreng kana urusan mere maweh mah. Eleh ku jalmi biasa, sok tara tegaan upama paparinun ngaharempoy teh, Mang,” walon Si Otong.
“Heueuh nya Tong, kumaha pangrasana ari jalma nu jenuk duit, pangala gede, mobil mewah, imah gedong sigrong, lebah rek barang bere, matematikana nu jalan teh, antukna merena mah hanteu atuda ngitungna ukur untung jeng rugi,” ceuk Mang Suadma.
“Ah eta mah jangeunana Mang, teu kedah diemutan, da itu ge teu ngemutan urang, kemenit-menit,” tembal Si Otong.
“Lain mikirang mangkeluk nu model kitu, cik ari hirup teh teu bisa sorangan, apanan jeung sasama atawa papada kaula,” ceuk Mang Suadma.
“Kitu soteh saur Mamang, atuda jalmi model kitu mah tarimana moal nyusahkeun ka batur tarimana seueur artos,” omong Si Otong.
“Jalma model kitu, saupamana nu baroga mobil mewah teu ngarasa erasok dilelewe ku panto imahna,” ceuk Mang Suadma.
“Isin pedah naon, Mang? Asa teu nyararambung!” jawab Si Otong.
“Apanan ari mobil mewah mah lamun pantona ditutupkeun disadana; gableg…! gableg…!,” jawab Mang Suadma.
“Oh, kitu?” tanya Si Otong.
“Tapi lebah abus ka imahna anu gedong sigrong, teu sakara-kara pantona ngalelewe,” ceuk Mang Suadma.
“Naha aya kitu panto sok ngalelewe nu boga imahna?” Si Otong malik nanya.
“Nya aya atuh anu mun nu boga imahna merewing, panto imahna sok ngadak-ngadak disada. Barang dibukakeun ku nu boga imahna anu merewing tea, dijawab ku panto, koreeeet…! koreeeeet…!,” naha teu era diece ku panto imah?. Lebah nutupkeun panto mobil, sorana, gableg…! gableg…!,”Lebah dilelewe ku panto imah, geuraheun teu eraeun,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)