Sabiwirhiji

Ulah Sieun Ku Nu Bisa Mupus Anggaran

 

 

ASA pikakaraeun ngadengena oge, baruk teh aya pagawe dianggap sakti alatan bisa mupus anggaran nu aya di pusat. Ongkoh bisa mupus anggaran ti tonggoh, ari anggaran anu sumberna ti daerah teu sirikna  diparebutkeun. Asa teu ngarti keur ukuran Mang Suadma mah anu teu bodo-bodo acan, mana komo keur nu palinter,  nu matak saditueun ti menit. Numatak ulah sok pinter teuing.

“Aneh Ka mah, pagawe nu bisa mupus anggaran dianggap hebat, lain hebat nu kitu mah, deleka. Kahade andika Tong, isuk jaganing geto sangkan  dipiserab ku samama tur hayang diperhatikeun ku dunungan, poma ulah milampah anu matak ngarugikeun lembur. Erek ge kumaha carana bisa nyiar anggaran ti pusat demi kamajuan sakumna rahayat nu aya di daerah,” ceuk Mang Suadma.

“Atuh leres pisan, memang kedahna kitu. Eta mah titingalian  anu kapeureupeunan, kunaon dipikasieun?” tanya Si Otong.

“Memang kitu Tong, di lembur mah lamun aya pagawe nu beda ti batur sok langsung bae digugu ku dunungan teh. Lebah anu hade gawena, mibanda kompetensi tur pinuh ku kreatif, jiga nu hese beleke hayang undak jabatan seised oge. Jiga nu kudu hurumpay harempoy, teu kudu hayang kapeunteun ku dunungan teh. Jurstru pingpinan anu butuh jalma hade gawena, lain anu minculak ti batur, komo bari jeung  mupus anggaran mah, heueuh?” omong Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, abdi mah sok teu ngalalartos kaayaan di lembur urang mah. Ari kanu sae damelna pingpinan teh jiga nu meungpeun carang, api-api teu katingali sanaos payeuneun panon oge, lebah anu seueur uget langsung bae dihayap-hayap,” walon Si Otong, heran.

“Nu matak andika lamun hayang meunang kalungguhan kudu milampah nu aneh-aneh. Sabab nu teu aneh mah dianggap biasa-biasa bae, najan gawena hade oge. Tapi kanu matak mawa riceuw, malah dikukut. Cik sakali-kali mah andika ge milampah nu rada beda ti batur, sugan we kapake ku yuser,” ceuk Mang Suadma.

“Abdi mah alim Mang, peupeuriheun abdi teu tiasa masihan yang terbaik kanggo masyarakat, atuh damel-damel anu sae tur leres,” jawab Si Otong.

“Heueuh nya Tong, andika hade pisan pamadegan teh. Da ari pagawe mah lain keur kumawula ka perorangan, tapi pikeun ngabakti jeung kumawula ka sakumna rahayat. Kahade, lain ngabati tapi pikeun ngabdi, bisi salah denge, da urang teh pikeun kumawula ka nagara  ngabela nusa jeung bangsa. Tah eta anu kasebut jalma hade, najan boga kasaktian lain dipake kana kagorengan, tapi nuju jalan kamaslahatan. Numatak ka sing saha bae, lamun aya pagawe anu bisa mupus anggaran ulah dipikaserab, komo dipikasieun mah, nya pedah naha? Lamun hayang diperhatikeun  pingpinan ku cara bisa mupus anggaran nu ayadi pusat, mending kabeh pagawe ngabring ka pusat, heug parupusan eta anggaran anu keur kalembur, sugan we diangkat jadi pejabat kabeh.Numatak ulah tibalik ari meunteun jalma atawa pagawe teh kudu obyektip. Kaula ge tukang koprek apal, mana pagawe nu bener-bener ngalaksanakeun tupoksi, mana nu ukur puraga tamba kadenda. Numatak, ari meunteun jalma kudu make akal sehat, sabab lamun teu sehat babari asup angin. Jah…anjogna mah…! (Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button