Sabiwirhiji

Sabada Dilantik Siapkeun Biaya Keur Piknik

 

 

AYEUNA mah di lembur teh karasa reugreugna sabada boga kepala dipinitip anu anyar dilantik sawatara waktu kaliwat. Komo keur kepala anyar mah anu karek make baju kebesaran serba bodas dipasieup tanda sagede  cangkang jengkol atuh puguh karasa pisan gagah tur wibawana. Kumaha teu wibawana geura, tangtu eta pakean kebesaran teh lain seragam samanea, tapi ngandung waragad teuing sabaraha gedena.

“Mamang mah ngarasa bungah dumeh di lembur anu tadina aya kakosongan jabatan dieusi ku pejabat sejen,  ayeuna geus aya kapala dipinitip,” omong Mang Suadma.

“Sae atuh Mang, urang teh bilih peryogi katerangan jalan atanapi bade aya kaperyogian sanes kedah aya serat ti kapala nu aya di lembur,” tembal Si Otong.

“Ngan meureun samemeh ngalengkah jauh enggoning milampah pagawean kudu aya pembekalan heula. Beda jeung nu nyangking kalungguhan kadua kalina masing taya pembekalan oge da geus pangalaman mangsa katukang,” tembal Mang Suadma.

“Teu tiasa kitu Mang, eta mah tos janten kabiasaan anu baku, saupamina rengse dilantik kedah sadayana ngiringan kegiatan pembekalan. Leres kana kitu mah, da upami teu dipasihan pembekalan bilih rampang-rampeung enggoning masihan pangladen ka masarakat. Numawi wajib eta pembekalanan teh da biasana ge kitu, Mang,” omong Si Otong.

“Ngan bae biaya pembekalan teh gedena, cenah teu angger. Unggal periode jumlahna kawilang badag, bener atawa teu salah eta beja teh?” tanya Mang Suadma.

“Duka atuh da abdi mah teu kungsi ngondisikeun, bilih atuh ku pihak sanes dilaksanakeunana eta kegiatan teh. Da abdi mah ukur pagawe biasa teu patos uninga kanu urusan nu kararitu teh,” tembal Si Otong.

“Pembekalan memang kudu tur hade, da ngaranana oge pikeun nambahan elmu, nambahan wawasan jeung pangalaman sangkan dina ngalaksanakeun tugas di lembur jadi kapala anu propesional. Panuju Mamang mah,” ceuk Mang Suadma.

“Atuh ari panuju mah teu kedah dikomentaran, Mang,” Jawab Si Otong.

“Kaula mah lain komentar, meureun ukur masukan bae ka andika anu deukeut jeung orang birokrasi nu ngokolakeun eta kagiatan. Cik atuh pembelakanana di daerah urang bae, ulah jauh-jauh teuing, komo bari jeung nyebrang pulo sagala mah,” tembal Mang Suadma.

“Teu kedah pusing-pusing Mamang teh, apanan tos aya biayana oge kantun nyolek bae tina anggaran,” omong Si Otong.

“Heueuh nyarita mah jiga nu heuay, baruk sakieu keur usum harese duit, tapi teu diirit-irit. Heueuh nya Tong, ari keur studi ulin mah jiga nu babarieun pisan nyiapkeun anggaran anu jumlahna sa-ehem teh. Lebah disampeur ku Mamang, biasa lagu angger, gayana gagaro hulu teu ateul, tandaning embung kaciwit. Paribasa euweuh duit atawa anggaran keur werit, lebah keur ulin mah sakumaha badagna jiga nu saditueun ti babari. Nu matak sabada dilantik siapkeun biaya keur piknik da Mamang ge kana urusan ulin mah hezzzooo…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Program studi banding anu dipilampah ku pagawe naon bae kalawan ngagunakeun duit nagara teu weleh ngahudang sorotan bala rea, hususna ku sawatara komponen nu aya di masarakat. Atuda waragad keur eta kagiatan, lain sayuta dua yuta perak. Tapi  meakeun anggaran anu kawilang badag da lamun dibeulikeun kana dage tur dibikeun ka jalma sadesa bakal kabagi kabeh. Malah leuwih ti ngunggul, moal erep dua rebo, cek cohagna.

“Heueuh nya Tong, ari ngaromong mah jiga nu heueuh keur werit ku duit, taun prihatin jeung rea-rea deui alesan bari jeung gagaro hulu teu ateul (ambeh teu kaciri keur loba duit). Padahal rea nu nyaho lamun keur usum-usuman teh da jalma oge ngaritung. Kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Ngitung naon nya Mang? Nuju ngitung raraban? Mamang mah celakan ari kana utang-itung mah,” cek Si Otong.

“Jeh …. andika mah sok sasawangan (saliwang) ari ditanya teh. Kaula mah keur milu mangitungkeun waragad keur studi tiru,” tembal Mang Suadma.

“Abdi mah mireng oge studitur, upamina bae ka luar pulo, ka daerah wisata atanapi ka tempat-tempat rekreasi sanesna. Kitu manawi Mang,” walon Si Otong.

“Heueuh eta, ngan bae ayeuna mah istilahna diganti. Tiheula make istilah studitur ambeh rada gaya kadengena. Ayeuna mah, tina studitur robah jadi studi banding, studi tiru jeung studi naon deui istilah anyar nu engke,” walon Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, abdi mah kalah tos wareg. Manawi Mamang oge sami atos wareg?” tanya Si Otong.

“Wareg-wareg 70, tibaheula ge Mamang mah wareg. Tapi wareg ukur ngadenge beja anu pariknik lain make duit pribadi. Lain urusan studi bandingna anu dipadungdengkeun ku sawatara komponen nu aya di masarakat, ngan anu nimbulkeun kecemburuan teh lamun eta studi banding make duit nagara,” cek Mang Suadma.

“Oh… kitu anu dikritisi ku masarakat tea tepi ka dibewarakeun dina media sosial sagala? Duka atuh upami kitu carana mah. Apanan ayeuna mah sanes studitur deui namina oge, Mang?” walon Si Otong.

“Heueuh masing istilahna digunta-ganti oge (mimita studitur, studi banding, studi lapangan, studi tiru jeung naon deui. Da anjogna mah, jaaah….. kana studi ulin keneh. Sugan hasil tina studi teh bisa dilarapkeun keur ngaronjatkeun  kasajahteraan sakumna rahayat? Madia teuing Tong, kaula mah nyaho ge hanteu, moal rek ngomentaran anu teu dipikanyaho. Milu nimbrung ngomong soteh pedah we keur usum nu ngaromongkeun studi,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

 

Related Articles

Back to top button