Nyalametkeun Jabatan Kapala Sakola

SAPRAK dilarapkeun periodenisasi jabatan kapala sakola teu sirikna meunang pangbagea ti sakumna calon kapala sakola (guru) nu hayang jadi kapala. Sabab moal aya deui jabatan kapala sakolah tepi ka saumur hirup. Ku ayana eta aturan, jabatan kapala sakola diwates ukur opat taun saperiodena, tetela jadi lolongkrang keur nu hayang jadi kapala sakola. Apanan rea guru ngantian mangtaun-taun tepi ka antri hayang jadi kepala sakola teh. Deudeuh teuing, karunya nya?
“Ayeuna mah moal aya deui jabatan kapala sakola saumur hirup, nya Tong?” ceuk Mang Suadma.
“Nya moal atuh, Mang. Atuda saperiodena oge ukur opat taun jalaran diwates ku aturan tea,” walon Si Otong.
“Nya nuhun atuh, berarti guru anu ayeuna antri aya lolongkrang pikeun nyangking jabatan kapala sakola?” tanya Mang Suadma.
“Leres pisan Mang,” jawab Si Otong, singget.
“Atuh rereh-tereh teuing saperiodena ukur 4 taun?” ceuk Mang Suadma, nanya deui panasaran
“Tiasa dua kali (dua periode) Mang, upama dina penileyan ahir kenging peunteun hade (baik),” jawab Si Otong.
“Oh kitu? Naha bisa dua periode, 8 taun jadi kapala sakola?” Mang Suadma malik nanya.
“Tiasa pisan, gumantung kana hasil penileyan,” tembal Si Otong.
“Upami tos dua periode 8 taun seterusna kumaha?” tanya Mang Suadma ka Si Otong bangun panasaran.
“Tiasa keneh janten kepala sakola di tempat sanes, dugi ka tilu periode (12 taun). Asal hasil penileyan hade pisan (amat baik),” walon Si Otong.
“Oh kitu nya Tong? Ari kapungkur aya istilah kapala sakola saumur hirup teu weleh dikritik, ayeuna aya deui atuh nya Tong, welasan taun tepi ka 3 periode?” tanya Mang Suadma.
“Leres Mang, nu penting eta aturan kumaha carana tiasa nyalametkeun kapala sekola ulah dugi ka janten guru deui. Karunya atuh,” walon Si Otong.
“Satuju pisan, malah mun bisa mah tepi ka 4 periode, sabab aya anak Mamang jadi kapala sakola. Heueuh lamun rek dipikiran, sistim periodenisasi atawa kapala sakola saumur hirup geuningan anjogna mah kitu-kitu keneh. Lebah dinyana mah endi atuh anu katelah regenerasi teh, buktina tina saperiode bisa nambah dua periode, sanggeus dua periode hayang keneh jadi kapala sakolah di pasisian, lamun hasil penilaianana hade, bisa nambah deui, sarua jeung hitut, ukur ngagulak gilek aturan dumasar kepentingan. Jah…” ceuk Mang Suadma. (Kang Emsul)