Sabiwirhiji

Sekolah Digital Ari Ujian Make Keretas, Jah…..!

SABADA sakola lanjutan atas rengse ujian, ayeuna kari bagean sakola lanjutan pertama, atuh meureunan
saterusna bagian SD. Sakumaha biasa penyelenggaraan ujian geus sababaraha taun teu ngagunakeun
alat-alat manual. Komo lembur urang geus ngaikrarkeun sakola/kabupaten pembelajaran ngaliwatan
tehnologi digital. Sukur atuh nandakeun barudak jeung pendidikan di lembur lebih maju dibanding
sababaraha taun ka tukang.
“Aya naon Mang, ngabahas pembelajaran nganggo sistim digitalisasi segala. Sapertos anu ngartos bae
Mamang teh kana urusan teknologi digital anu dipilampah ku pelajar jaman kiwari. Nya kumaha kitu?”
tanya Si Otong, panasaran.
“Jeh…. lain pedah Mamang ngarti kana eta tehnolohi, ngan bae cek beja, duka enya, teuing heueuh,
barudak urang dina ngalaksanakeun ujian ayeuna lain make digitalisasi, nya rek kumaha lalampahanana
lamun enya eta beja teu nyalahan,” jawab Mang Suadma.
“Eta oge teu lepat ujian nganggo keretas, manawi aya pertimbangan sanes tinu gaduh kebijakan,”
tembal Si Otong.
“Atuh lamun kitu carana, bareto teh mendah (ulah) mendeklarasikeun kabupaten/sekolah digital. Hanas
kaula ngabandungan sababaraha taun ka tukang ujian make sistim digital geus dipilampah ku barudak
jeung anak incu urang. Ari ayeuna bejana, kari-kari kudu balik deui kana manual, ngagunakeun keretas.
Jah….. asa teu ngarti Ka mah,” omong Mang suadma.
“Tiasa mulang deui kana ujian keretas panginten pikeun ngajagi hal-hal anu teu dipiharep, sapertos
kehawatiran bilih barudak nyalahgunakeun eta alat anu ahirna ujian kucara digitalisasi hasilna teu luyu
jeung anu diharepkeun. Namina oge teknologi tea atuh Mang, beuki dieu tambih maju, sementara urang
teu tiasa ngungkulanana tina eta kamajuan teknologi,” cek Si Otong, panjang lebar.
“Ari andika teh kumaha, sual perkembangan teknologi moal bisa dihindari, tapi kudu disiasati, lain urang
kudu nyerah dina kaayaan dinamika atawa kamajuan tehnolohi anu semakin berkembang. Atuh salah,
kaula ge anu lain ahli tehnolohi rarasaan teh asa papalingpang. Apanan samemehna ujian teh (geus
sababaraha taun) dipilampah secara digital ayeuna kudu balik deui ka alam kuno, mikir atuh andika
mikir…..!” tembal Mang Suadma, semu heneg.
“Ah…. duka atuh Mang, mangga taroskeun bae kanu ngaluarkeun eta kabijakan, mana kitu oge tos dikaji
untung rugina (min pleusna) ku cara kitu teh,” jawab Si Otong, jiga nu nyerah kana kaayaan.
“Lamun urang kudu nyerah kana kaayaan atawa majuna perkembangan teknologi, atuh baheula teh
mendah ngaku-ngaku sekolah digital. Apanan bareto ge teu naha-naha ieuh, malah leuwih praktis,
eknomis, mempercepat proses ujian, episiensi jeung sajabana. Cek salah saurang kapala sakola (SMP)
senior, lamun erek ulah kapalang, ujian sakola teh (PSAJ) make Sabak sakalian anu bahanna (alat tulisna)
dijieun tina batu mangsa murid tahun 50-an. Lamun PSAJ tina digital balik deui kana keretas sarua jeung
mengalami kemunduran sababaraha taun ka tukang. Ongkoh ngaku sekolah digital, ari ujian make
keretas, jah……..!” cek Mang Suadma, kabawa menit.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button