Sabiwirhiji

Sibuk Ku Kahirupan, Anak Kabangbalerkeun

Sibuk Ku Kahirupan, Anak Kabangbalerkeun
Kanyaah kolot ka anak moal aya watesna. Saking belana kanu jadi anak
demi nyumponan kabutuh hirup tepi ka tisuksuk tidungdung, hulu dijieun
suku, suku dijieun hulu, cek parisabasana. Eta mah rek kolotna anu
beunghar, atawa miskin, pejabat atawa rayat, dina nyiar urusan dunya
mah sarua bae sibukna. Malah dibarung kumenit sagala, kalan-kalan
saditueun ti menit.
“Sepuh kapungkur mah, saurna, samemeh nyaram atanapi miwarang kana
kasaean ka para putrana, anjeunna parantos milampah kasaean langkung
tipayun. Leres eta teh nya Mang?” tanya Si Otong, ngabalibitan.
“Nya heueuh atuh, sugan kolot di jaman now, atuda rek gurah-geureuh ka
anak teh dalah dadawukna oge anu diucapkeun jeung paripolahna teu
luyu jeung kanyataanana. Antukna parentah kolat anak jadi campah (taya
pangaruhna),” jawab Mang Suadma.
“Campah lebah manana Mang?” tanya Si Otong.
“Piraku andika teu apal, ongkoh nyaram maen HP, tapi gogobrogna
(soranganana), belaan poho ka anak pamajikan, ti isuk jedur tepi ka sora
jeder, kalahka cetingan bae nu teu paruguh. Mending mun cetingan teh
hal-hal penting, apanan rereana anu matak ngabongkorkeun pagawean
tur taya hasilna deuih,” jawab Mang Suadma.
“Piraku, aya sepuh model kitu? Upami leres, rada hariwang oge nya
Mang?” Si Otong malik nanya.
“Mamang mah lain hariwang-hariwang deui, eta mah beh ditueun ti
hariwang. Inggis bok bisi isuk barudak tonggoy bae kana HP teu malire
kana gawe,” jawab Mang Suadma.
“Atuda ayeuna mah jamanna tos benten Mang. Margi waktos Mamang
nuju anom apanan teu acan aya tipi, tetepon, hape sareng alat komunikasi
sanesna. Ulah ngalepatkeun teknologi,” jawab Si Otong.
“Kaula mah teu apal dina urusan tehnolohi. Komo bari jeung teu becus
ngagolangkeunana oge. Ngan kumaha carana sangkan eta tehnolohi
mere mangpaat katut maslahat kanu ngagolangkeunana. Lain urang
dijajah ku tehnolohi,” jawab Mang Suadma.
“Manawi sanes pangaruh teknologi-teknologi teuing Mang, namung seueur
sepuh nu apilain ka para putra-putrina!” jawab Si Otong.
“Kaula ge teu ngarti, ayeuna ngabadeg kolot nu apilain (mangsabo) ka
budakna lantaran sibuk ku neangan kahirupan, antukna anak
kabangbalerkeun. Masing sagala kabutuhna dicumponan oge ari teu
meuneng jeujeuhan ti kolotna sarua jeung hitut. Naon hartina sagalana
kacumponan ari agamana, ibadahna, pendidikan karakterna jeung

sajabana diantep karep kumaha brehna. Pasti eta budak moal reugeujeug
hirupna lantaran atah warah tea!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button