Ongkoh Daerah Agraris, Tapi Ngadatangkeun Sayuran?

Duka enya, teuing bener, baruk lembur urang teh kaasup pensupali
pangan, tapi barang nu aya di pasaran, upama sayuran lain produk daerah
urang. Apanan lahan di lembur urang sakitu ubluk-ablakna naha geuning
teu dimangpaatkeun pikeun pikeun mroduksi hasil tatanen, hususna
sayuran atawa palawija. Lamun enya kitu kabuktianana, asa teu nyeni Ka
mah…..!
“Aing mah teu ngarti, sayuran anu dijarualan di pasar lain hasil tatanen nu
aya di daerah urang. Baruk teh ti luar propinsi jeung ti tatangga kabupaten.
Aneh nya Tong?” tanya Mang Suadma.
“Manawi ari teu aya pisan mah piraku Mang, namung kuantitasna henteu
sapertos daerah sanes,” tembal Si Otong.
“Deleh ku nyaneh geura, di unggal pasar rereana sayuran didatangkeun ti
luar propinsi jeung tatangga kabupaten. Naha urang teu era, ngaku we
daerah agraris (pertanian) ari kebecus pikeun mroduksi sayuran eleh
keneh ku daerah luar, aneh heueuh?” tanya Mang Suadma.
“Ari rahayat mah kumaha pamingpin Mang, dipiwarang ngaler-ngaler,
dipiwarang ngidul-ngidul,” walon Si Otong.
“Atuh heueuh, apanan ari pamingpin nu aya di daerah teh geus
masrahkeun kawenangan ka dinas teknis atawa dinas terkait anu
ngurusanan eta tatanen, tapi kunaon kahayang pangagung jeung rahayat
nu aya di ieu daerah teu bisa dijabarkeun kitu?” Mang Suadma, malik
nanya.
“Manawi eta mah gumantung kapala dinesna, Mang. Bade dikumahakeun
oge tiasa margi paratos garaduh konsep masing-masing,” cek Si Otong.
“Piraku lembur urang anu katelah daerah pertanian hayang sesin bae kudu
ti daerah wetan, kentang jenis unggul didatangkeun ti propinsi sejen jeung
rea-rea deui komoditas pertanian anu jolna tilembur batur, jigana. Ari
enggeus gawena ngan naraha bae? Apanan ari patani teh kudu dimotipasi
sangkan kahudang pikeun ngokolakeun lahanna sangkat produktip,” cek
Mang Suadma.
“Bujeng-bujeng dimotipasi Mang, dalah tanah titinggal karuhun, di urang
mah dijarualan dibeulikeun kana motor jeung mobil,” jawab Si Otong.
“Paingan kajadianana saperti kieu, mana horeng jenuk lahan kosong
diarantep bae, lain ge dimangpaatkeun ku palawija demi kamamuran
sakumna rahayat. Lamun rek dipikiran matak menit, malah saditueun ti
menit, ongkoh daerah agraris, tapi ngadatangkeun sayuran ti luar daerah.
Jaba ti kitu teh, rega beas di lembur urang pangmahalna dibanding daerah
sejen. Nu matak ari gawe teh ulah asal ngagugur kawajiban bae, tapi kudu
dibarengan jeung jeujeuhanana kalawan ihlas. Ulah boga rasa aing
pangpinterna ari ngurus nagara mah, tetap kudu aya kebersamaan jeung
nu lian pikeun silih pairan ku elmu. Atudan kumaha ieu mah embung we
karewong teh, mending mun maju. Ari lebah tiori surplus beas,
swasembada pangan, kedaulatan pangan, ketersediaan pangan jeung
sajabana eta mah bisa rekayasa, cetek!. Jah….. anjogna mah ukur loba
uget, lah….!” cek Mang Suadma, teu kebat nyarita da heurin ku letah tea.
(Kang Emsul/KC)