Sabiwirhiji

Aya Keneh Kadis Embung Narima Telepon?

Sugan nyangking kalungguhan teh rek salilana, ulah boga anggeuhan
pedah ngarasa kapake kubos, sasat geus teu butuh batur hirup, komo
kanu sahandapeun mah. Buktina, ari titelepon kunu euweuh deleheunana
teu diangkat, WA atawa SMS teu dijawab, geuningan aya keneh manusa
nu model kitu. Teu inget ka hareup bakal kumaha, apanan jalma bageur
oge ari geus pangsiun tur taya sihungan mah teu dipihormat cara keur
nyekel kalungguhan, da lebah geus pangsiun mah, jah…… naon atuh
Bro….! Numatak ulah sok edeg.
“Aya kituna nya Tong di lembur urang pejabat nu model kitu? kumaha
rarasaanana, abong kena keur nyekel kalungguhan, geus teu hayang we
narima telepon tulang teh (teu matak ngungtungkeun sacara materi),” cek
Mang Suadma.
“Teu kedah aneh atuh Mang, manawi urang kedah ngamalum. Bilih nuju
sibuk kupadamelan atanapi seueur masalah anu nuju dipayunan, atanpi
bilih ngarasa karewong, kitu manawi Mang?” tanya Si Otong.
“Cik atuh ulah kitu, sugan eta jalma lamun paeh, naha rek ngubur
sorangan? Meureunan angger merlukeun tanaga batur anu tara-tara acan
ditanya atawa anu diapilainkeun ku manehna. Geuningan lebah geus jadi
bangke mah angger we nu tara ditanya-tanya acan nu nyieun logak
kuburan teh. Kudu inget tepi kadinya ari jadi jalma teh, cek Tong!” omong
Mang Suadma.
“Maksadna Mamang teh kumaha, sapertos aya nu ngaganjel dina manah,”
tembal Si Otong.
“Lain ukur matak ngajanjel dina gegembung, da maneh ge meureun sarua
lamun teu dipirosea ku jalma teh, ngan urang mah sok ngarerema
sorangan. Cokot hikmahna bae, mana kitu ge manehna meureun keur loba
kapusing jeung kariweuh, aamiin…!” cek Mang Suadma ngahaminan ka eta
jalma bedegong teh.
“Kunaon geuning Mamang nga-aminan? tanya Si Otong.
“Da manusa model kitu mah kuduna diaminan, lantaran kahayangna,
nyebut riweuh, nyebut keder jeung sajabana. Padahal ukur kumuplaseu
embung kaciwit, sangheuk karewong, embung kaganggu jeung
sabangsana. Jah… eta mah jurus,” tembal Mang Suadma
“Kahade Tong, andika kudu inget, aya diantarana pejabat ari keur jeneng
mah jiga nu heueuh mere pangladen ka rayat, padahal buktina rek
dipanggihan ku rayat ge ngahesekeun. Buktina, SMS/WA teu dijawab,
ditelepon teu diangkat, naon maksudna jeung susahna pikeun ngajawab.
Jalma model kitu teu umum jeung batur. Ayeuna rea nu nelepon soteh

pedah wae keur dipercaya nyangking jabatan atawa golongan eselon dua.
Da geus teu jadi naon-naon mah, rek naha neleponan ka manehna. Boro-
boro hayang komunikasi jeung model kitu, untung keneh mun aya laleur
jarian daek euntreup oge. Komo kanu bedegong, kaula mah wani toh-
tohan, mun geus pangsiunna manusa model kitu, moal dideleh ku mata
sabeulah, cek cohagna. Nya aya keneh pejabat/Kadis embung narima
telepon atawa ngabales SMS/WA?” Ter-la-lu…!”, omong Mang Suadma.
(Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button