Sabiwirhiji

Harga Beas Rarang Kuduna Patani Beunghar

Baruk teh bulan ayeuna harga beas bakal balik deui ka harga normal, tapi
malahan beuki apung-pangungan. Bareto mah rega beas ngahontal 10
riwu per kg mani geunjleung, tepi ka ibur salelembur tur ear sajajagat. Ari
ayeuna harga beas ajol-ajolan, jeh…. geuningan pihak nu boga
kawenangan ngadalikeun harga, kawas gaang katincak, jiga nu teu embut,
teu renghap. Pedah naha nya Ka?
“Matak wiwirang dikolong catang, nya gede nya panjang, sakolepat ningali
dina medsos aya jalma anu keur antri beas, asa kacida lamun enya tea eta
kajadian teh bener. Nya Tong?” tanya Mang Suadma.
“Manawi atuh, Mang. Da geuningan karaos pisan ku abdi ge, anu biasana
meser lima kilo sakali meser, ayeuna diencrit, sakilo-sakilo,” walon Si
Otong.
“Andika nu boga gajih ngarasa eungap kuayana harga beas teu turun-turun
teh. Mana komo rayat kuricak anu hirupna koreh-korek cok, ukur nelegan
ciduh we meureun nya Tong?” tanya Mang Suadma.
“Tangtos atuh Mang, abdi ge asa pikakaraeun aya harga beas dugi ka ajol-
ajolan sapertos kieu. Tapi tenang Mang, moal lami ge bakal panen, harga
beas bakal stabil deui,” walon Si Otong, ngarerema jalma kolot.
“Waduk lah…. sababaraha bulan katukang andika nyarita, baruk teh dua
bulan deui rega beas bakal turun, buktina lain ge turun, tapi malah tambah
hiber. Prediksi dua bulan kaliwat bakal turun, ayeuna geus leuwih ti dua
bulan teu robah-robah, jah… ngahuntu,” tembal Mang Suadma.
“Sobar… sobar.. Mang, urusan pangan mah sanes di urang bae, tiasa bae
di sakuliah jagat oge sami,” walon Si Otong.
“Sabar-sabar kumaha, sugan ari beuteung teh bisa disabaran atawa
dibebenjokeun, sugan engke nyatuna isukan bae, pan teu kitu!” jawab
Mang Suadma.
“Numawi Mang kedah uninga perkara beas mahal tur langka, sanes
urusan di lembur urang, namun dampak tina pangaruh global,” jawab Si
Otong.
“Ulah sok berkelit jeung jalma leutik mah andika teh, Kaula mah kumaha
carana sandang/pangan murah, beuteung seubeuh, imah pageuh, atuh eta
oge… angger baseuh, kitu aing mah Tong, ulah loba teuing uget. Kaula ge
apal kana hukum untung rugi, sareatna lamun harga beas mahal, idealna
patani kudu loba nu beunghar tina eta hasil tatanen. Tapi kabuktian,
kasebutna we dina laporan di lembur urang surplus beas tepi ka ratusan
ton. Lamun enya kitu, harga beas rarang patani kudu beunghar, patani nu
sugih mukti, apanan jenuk nu katalangsara tur matak menit keur meuli

beas oge. Eta pedah naha? Tiori teh ulah luhur-luhur ukur dipake berkelit
mah, mending nu rasional bae da rayat ge teu bodo-bodo teuing. Ngan
rayat leutik mah tara rea omong wungkul kawas nyaneh,” cek Mang
Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button