Nu Didahar Kudu Halalan Toyiban

Cek dina elmu kasehatan, sangkan awak urang jagjag waringkas tur sehat
jasmani katut rohani nu didaharna kudu bergiji. Ulah asal beuteung
seubeuh, asal gendang antukna kari nundutan. Sakumaha anu dicatet dina
elmu menu, dahareun teh kudu nyumponan kana opat sehat, lima
sampurna. Ngan sok aya nu kaleuleuwihi, abong sagala nyampak, opat
sehat, lima sampurna, genep kamerkaan. Sasapaan teuing…..!
“Aneh nya Tong, aya anak nu beunghar sakolana bodo tur awakna
begang deuih. Ari budak anu diparaban boled pangawakanan mani lintuh
tur sakolana pinter deuih. Kunaon nya ari kitu?” tanya Mang Suadma.
“Meureunan bakat awakna begang mah. Sual sakolana bodo, sugan
budakna tara ngapalkeun, Mang!” tembal Si Otong.
“Piraku teuing. Mungguh sareat mah kudu leuwih ti pinter tur sehat da nu
didaharna bergiji. Sabab sagala kayang budak teu weleh diturutkeun.
Menta dahar jeung naon bae ku kokolotna ditedunan, ngan aneh angger
we bodo malah bantongor deuih,” walon Mang Suadma.
“Eta mah kedah dipariksakeun ka dokter Mang,” jawab Si Otong.
“Dipariksakeun pedah naha, budak teu gering, teu panas tiris, kudu
dipariksakeunana, pedah naha?” Mang Suadma, malik nanya.
“Apanan pedah awakna begang tur uteukna kuled, padahal anu
dihuapkeunana teu lesot tina menu opat sehat lima sampurna,” tembal Si
Otong.
“Budak begang ge jenuk nu pinter, malah budak gendut pinuh ku gajih teu
bisa usik malik. Lain masalah begang atawa gendut budak uteukna teu
hancer mah, Tong!” cek Mang Suadma.
“Nya kumaha kitu, tina masalah naon atuh Mang?” tanya Si Otong.
“Heueuh atuda anu dipikiran teh ukur parab budak sacara sareat, bergiji,
ngandung protein, pitamin jeung sabangsana. Geuningan buktina, anu
sakitu dahareunana saditueun ti bergiji, lain ge tambah pinter, teu nyaho
teuing Ka mah,” walon Mang Suadma.
“Ari kitu kedah kumaha supados anak incu urang perceka, cerdas, takwa
jeung parigel (terampil)?” tanya Si Orong
“Ceuk Mamang mah, salian menu opat sehat lima sampurna, aya nu
leuwih penting kayaning, halalan (nu didaharna barang halal). Sabab
lamun teu halal bakal aya mamalana, teu tumiba ka awak bisa jadi
musibah karandapan ku anak. Nu matak kudu ati-ati ari mere barangdahar
ka budak teh. Cek agama, nu didahar ku urang jeung sakabeh anggota
kulawarga kudu halalan toyiban (halal tur hade bergiji). Ulang abong kena
keur jeneng atawa jenuk duit, ari nu dilebokna sagala bres, teu mandang
harom, subhat atawa hukumna remeng-remeng. Tah model kitu nu matak
keuna balai teh, padu gabres bae bari jeung teu jelas hukumna, naha eta
dahareun teh tina ladang usaha anu halal atawa sabalikna, ladang
gagaridus anu hukumna harom?. Eta mah kari introspeksi bae ka diri
masing-masing!” cek Mang Suadma.(Kang Emsul)