Sabiwirhiji

Mangsa Transisi Pejabat Parahi Nyalametkeun Diri

Mangsa Transisi Pejabat Parahi Nyalametkeun Diri
Sajeroning mangsa transisi ti samemeh pilihan, nincak kana tahapan
pilihan, saenggeusna jeung dina geprakna pikeun nangtukeun saha nu
bakal meunang kalungguhan jadi pembantu pangagung papayung
agung, timimiti tingkat kabopaten/kota tepi kanu leuwih luhur, tangtu
bakal berdampak kana susunan pejabat anu bakal meunang
kapercayaan.
“Kumaha nya Tong sikap anjeun ku ayana perobahan situasi pulitik
sajeroning mapag pilihan kapala daerah?” tanya Mang Suadma, mimiti
ngahaneutan.
“Abdi mah pagawe biasa Mang, bade saha bae pangagungna tangtos
bakal ngiringan kana naon-naon kabijakan anu bakal dipedar ku eta
pingpinan,” walon Si Otong.
“Heueuh alus Tong, andika mah gawe bae nu bener luyu jeung tupoksi
salaku pagawe demi kumawula ka nagara, ngabela nusa jeung bangsa
da teu kudu lutak letak hirup di alam birokrasi mah. Urangna bener mah,
saha bae bopatina atawa walikotana angger we andika mah aparatna
anu teu weleh milampah tugas kalawan propesional. Sakumaha anu
diiklankeun dina produk minuman, apapun makanannya, nginumna mah
angger we cai asak herang, cek paribasana,” jawab Mang Suadma,
kalawan diplomatis.
“Eta geuningan Mamang nyarios teh mani diplomatis pisan. Terang
timana? Abdi ge anu katelah pagawe teu acan dugi ka dinya, gaduh
pamadegan sapertos Mamang!” tembal Si Otong.
“Sugan andika bae anu sok didiplomatisan teh, kaula ge moal eleh
geleng atuh Tong. Da biasana di lembur urang mah kitu, lamun mangsa
transisi, sok aya keneh pejabat anu babalicetan, luak-lieuk, ngajegang,
midua jeung sabangsana. Bener ora Shon?” tanya Mang Suadma,
ngaheureuyan Si Otong.
“Duka atuh Mang, abdi mah tara kikituannan. Ari kitu mah damel teh
udaganana ukur hoyong kenging peunteun ti pingpinan. Kamampuhan
damel mah duka nomer sabaraha, lepat atuh Mang. Sugan teu cape
hate, cape pikir jeung cape gawe ari lumat-lamot ka dunungan teh,
Mang!” walon Si Otong.
“Atuda Mamang ngabandungan di daerah batur, sajeroning mangsa
transisi, sawatara pejabat parahi nyalametkeun diri. Anu biasana
milampah kagiatan tempatna di hotel terdekat, teu sakara-kara pindah
ka hotel berbintang. Meureun bareto mah hayang kapake, ayeuna
situasi pulitik beda, saheulaanan ngingkahan isu anu teu matak
nguntungkeun ka dirina, nu penting cari selamat kumaha we carana.
Duka maksudna kumaha tur saha anu keur didodohona. Aya deui nu
embung karewong ku batur, belaan nunda mobil ge disamunikeun di

pakarangan kantor anu singkur, malah aya nu abu-abu, nyamuni dinu
caang, kaditu kadieu jiga nu serius, duka kumaha pakarepanana
padahal batur ge nyahoeun kana polah eta jalma jeung rea-rea deui
sandiwara anu dipintonkeun pikeun mengelabui situasi sangkan teu
kaciri da tujuanana ge pikeun nyalametkeun diri. Kitu anu katalingakeun
ku Mamang, biasana dina mangsa transisi galagatna saperti kitu. Tapi
duka eta ge da ayana di daerah batur, jigana di lembur urang mah, asa
teu pati euweuh,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button