Sabiwirhiji

Nunggak Bayar Kasalahan Kolektip, Bro….!

Kiwari raeng deui nu madungdengkeun pasualan can kabayar jeung
sajabana, komo pamareng-mareng keur usum pulitik mah kasebutna
aya jalan komo meuntas atawa mobok manggih gorowong. Hartina aya
piomongeun ku sabab aya cukang lantaran. Apanan dina keur jempena
oge dicarokelan sarupaning kakurangan teh, mana komo ayeuna
pamareng-mareng usum pilihan, teu sirikna disangray eta isu teh.
“Heueuh nya Tong, ari keur usum kieu mah teu empan lamun teu
sungruy-sangray teh,” cek Mang Suadma.
“Nyangray naon kitu Mang?” tanya Si Otong.
“Apanan ayeuna jadi kacapangan sabiwir hiji perkara nunggak bayar
teh,” tembal Mang Suadma.
“Nya saha atuh nu ngaramekeunana, abdi mah asa teu mireng. Komo di
pilemburan mah teu arapaleun-apaleun acan, komo nanya ka jalma
leutik ngeunaan isu anu teu acan kabayar teh,” walon Si Otong.
“Nya heueuh atuh, komo nanya ka jalma leutik anu aya di pipir lamping
atawa handapeun lebak bari jeung nyorang bubulak mah, boa-boa
ngadenge istilah nunggak bayar karek ngadenge ayeuna. Tangtu nu
apal kana permasalahan mah jalma-jalma anu berkepentingan. Naha nu
karasa ku jinisna akibat telat bayar ngabalukarkeun beuteung salatri
(maag), nu modal usahana kacontang keur nutupan kaperluan hirup pon
kitu pagawe belaan gagade barang alatan hakna can kacumponan
kalawan poldan jeung sajabana. Jigana wajar tur sah-sah bae lamun
aya jalma saperti anu kasebut tadi humandeuar balukar can kabayar,”
omong Mang Suadma, panjang lebar sangkan Si Otong bisa ngabaca
cakrawala pulitik anu keur rame di lembur urang.
“Leres pisan Mang, atuda saha jalmina anu patuanganana kaganggu
balukar eta pasualan, pasti bakal marudah,” omong Si Otong.
“Heueuh eta mah wajar, ngan anu taya patula-patalina jeung eta perkara
jiga nu heueuh milu ngabela pagawe anu peujitna kukurubukan, teu
weleh dijadikeun alat pulitik pikeun ngahantem anu teu dipikaresep ku
nu ngiburkeunana. Tah eta Tong anu kurang panuju teh, nyalindung
kana urusan pulitik anu tujuanana pikeun ngagaplehkeun jalma sejen,”
cek Mang Suadma.
“Leres nya Mang, ukur dumasar kana kapentingan pulitik,” jawab Si
Otong.
“Tah eta anu ngabalukarkeun ieu pasualan tambah harengheng teh.
Padahal kuayana nunggak bayar lamun rek dijujut mah beunang disebut
kasalahan kolektip. Upamana bae, saha nu boga pokal harita
ngamimitian gagal bayar, aya deui beja pihak berkopenten teu diajakan
musawaroh, pon kitu para pembatu eselon luhur caricing bae da heurin
ku letah cenah (atuh naon hartina boga letah teu dipake ngomong nu

bener mah). Aya deui beja, nu boga kakawasan di lembaga resmi teu
ngalakukeun kontroling luyu jeung tupoksina (lain buluar-balieur bari
jeung milu nyajejeleh) pon kitu pagawe anu ngarasa hakna dianjuk
geuningan ukur narelegan ciduh bari jeung ngarelay deuih (lain ge
protes, kilang bara demo mah) jeung saterusna. Lamun dipikiran ku
jalma anu teu bobo-bodo acan (saditueun ti bodo), nunggak bayar teh
kasalahan kolektip, Bro…..! Atuh dina ngabeberesna oge kudu ku cara
gawe bareng kalawan kolektip, teu bisa diteumbleuhkeun ka
perorangan. Jah….. anjoghna mah…..!” omong Mang Suadma.(Kang
Emsul)

Related Articles

Back to top button