Sabiwirhiji

Jalma Keur Dines Kudu Cuti, Pedah Naha?

Teu kudu galideur, satiap mapag mangsa pilihan cakrawala pulitik sok
ujug-ujug harengheng (memanas). Eta mah Adatna sabab jenuk nu
baroga kepentingan dina eta percaturan. Nu matak teu aneh keur usum
pulitik mah, nu bener bisa disasalah, mana komo nu dituduh salah,
beuki disesegkeun. Tapi urang ulah gancang terpancing, cek urang
wetan tea mah, jah….. anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, cenah…!
“Ari keur usum kieu, ngabandungan jalma nu baroga kepentingan sok
araneh-aneh. Lamun rek dipikiran memang teu aneh oge, sabab ari
jalma teh aya anu kahirupanana tina ngagulak-gilek urusan pulitik. Da
eta pagawenana bubuhan geus jadi kasab tea,” cek Mang Suadma.
“Sinanteneun Mamang enjing keneh parantos nyarios urusan politik anu
kawilang jero,” cek Si Otong.
“Rek jero, rek deet ari urusan pulitik mah anjogna kadinya-dinya keneh,
cek Tong. Najan andika tara ngomong politik atawa stitmen dina media
massa, tapi sok huruwas-harewos bari jeung mere masukan ka orang
politik, apanan bisa diolah jadi isu pulitik. Atuh kadituna aya anu demi
kepuasan, kapentingan pribadi, kapentingan jabatan, atawa keur nyiar
fulus jeung rea-rea deui tujuan anu dipiharepna,” omong Mang Suadma.
“Atos Mang teu kedah kapapanjangan, margi popolitikan mah sanes
urusan Mamang. Saena Mamang mah ngurus koprek we sangkan
lembur urang sepi ku maling, towong ku rampog. Persoalanan politik,
tos we serahkeun ka ahlina. Ku pantaran urang mah moal kaawakan,”
tembal Si Otong, pikeun ngarerema Mang Suadma.
“Ulah kitu Tong, naha kaula pedah rayat leutik ulah nyaritakeun pulitik?
tanya Mang Suadma.
“Punten Mang, sanes abdi nyaram ka Mamang teu kedah pupulitikan,
namun urang teh kedah luyu sareng porsina. Bilih kacaletot omong,
tisoledat letah. Kedahna urang mah sami-sami ngawujudkeun
kondusipitas daerah, sanes ngumbar isu bari jeung teu apal jujutanana,”
tembal Si Otong.
“Tah geuining andika ngarti, justru aya keneh jalma anu kasebut ngarti
dina urusan pulitik, tapi nembongkeun kabodoanana. Buktina, jalma
keur dines, hayuh digugujeg kudu cuti, pedah naha? Kedal lisan rek
makalangan can aya basana tinu bersangkutan, pon kitu can
kadaptarkeun ka panitian pamilihan, kendaraan naon anu dipakena,
karek ge cenah jeung baruk. Tapi anehna jenuk nu ngomentaran, jalma
keur junun kana pagawean digugujeg kudu cuti, baruk teh. Nya pedah
naha? Anu nu nyebut kudu cuti mah beunang diitung ku ramo sabeulah.
Tapi lamun keur anteng gawe, kumawula ka nagara demi nyumponan
kabutuh rahayat, heug eureun teu kurah-karuh? Meureun bakal
dipertanyakeun ku jalma sakabopaten. Tah kitu nya Tong, andika ulah

sok kabawa kunu sakaba-kaba najan pinter kana urusan pulitik oge, tapi
kudu bisa milih jeung milah, naha alatan sentimen atawa dumasar kana
argumen anu bener!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button