Sabiwirhiji

Perang Sarung Ulah Dianggap Biasa Kaulinan

NGADENGE perang sarung teh lain ukur ayeuna, bejana tibaheula ge geus aya lantaran kaasup kaulinan barudak jaman harita anu dipilampah jeung sasama batur ulin salembur. Eta kaulinan barudak lembur teh biasana dilakukeun ku pantaran usia sakola (SD jeung umuran SMP). Komo lamun usum halodo dibarengan caang bulan opat welas anu kawilang ngempray eta kaulinan teh biasana sok dipilampah.

“Ngan anehna perang sarung jaman kiwari lain ukur kaulinan keur nyiar kabungah jeung papada kanca (batur ulin) salembur. Tapi perang sarung ayeuna menjurus kana tindak kekerasan antar kelompok/geng jeung lain batur salembur deuih. Numatak kaula mah aneh, kabejakeun aya perang sarung tepi ngabalukarkeun korban jiwa. Naudzubillahimindzalik….!” ceuk Mang Suadma.

“Leres nya Mang, geuningan ayeuna mah kitu tina eta kaulinan ngabalukarkeun korban jiwa anu dipilampah barudak anu umurna can sawawa. Kumaha teuing generasi urang kapayun upami gaduh mental sapertos kitu? Tos teu gaduh deui ras-ras kamanusaan ka sasama, saupama ieu persoalan dianggap biasa, komo bari jeung diantep karep, bade kumaha nasib anak incu urang ka hareup?” tanya Si Otong, panjang lebar tur kabawa baluas ku kajadian eta perkara.

“Tah… eta pisan anu ku Mamang dipake hariwang teh, eta kajadian ulah dianggap biasa, tapi geus asup katagori luar biasa. Nu matak dina narekahanana oge ulah biasa-biasa bae tapi kudu luar biasa, sabab tindakan eta kaulinan barudak kaasup luar biasa,” omong Mang Suadma.

“Ngan anehna, di urang teh upami aya hal anu patula-patalina jeung kenakalan barudak atawa remaja, para pihak sok silih teumbleuhkeun. Nyalahkeun itu, nyalahkeun ieu, ngagorengkeun nu sejen jeung saterusna anu taya tungtungna. Ahirna eta pasualan teu anggeus-anggeus tepi ka saumur hirup lantaran pihak-pihak terkait ngarasa bener kabeh arembung disebut henteu berperan. Upami kitu buktosna meureunan nya kitu kajadianana, sebab penyelesaian eta masalah ukur dina biwir, lain dipilampah secara teknis,” tembal Si Otong.

“Bener oge andika, boga pamikiran cerdas. Sabab bibit buit kaancuran hirup balukar lemahna Sumber Daya Manusa (SDM) tiap indipidu anu teu didadasaran ku nilai-nilai bebener dumasar kana pedoman agama jeung darigama (nagara/pamarentahan). Lamun eta tumerap dina diri masing-masing manusa kalawan ajeg tur panceg, Insya Alloh, saniskara pasualan kahirupan bisa kaungkulan. Minimal bisa menekan gejolak panyakit masarakat (Pekat) sajeroning hirup kumbuh sapopoe,” cek Mang Suadma kalawan jentre.

“Numawi lebah dieu mah sual peningkatan SDM ngaliwatan ajen pendidikan kedah aya digaris terdepan pikeun ngarobah pola pikir masarakat anu positip. Sok sanaos kitu, tugas pendikan ieu sanes ukur tanggungjawab lembaga pormal, namung kalebet orang tua/kulawarga katut lingkungan masarakat nu aya disabudeureunana. Tah tilu komponen eta anu kalebet tanggungjawab pendidikan kedah dirojong ku tilu komponen tea,” cek Si Otong.

“Heueuh nya Tong, ulah silih teumbleuhkeun diantara komponen teh. Ayeuna ku kajadian perang sarung ulah dianggap biasa kaulinan, tapi kudu gancang migawe langkah-langkah kongkrit, naha ti pamarentah/lembaga pendidikan, pihak keluarga, jeung lingkungan masarakat nu aya di sabudeureunan. Kaula yakin, lamun eta komponen jalan luyu jeung peran/pungsi masing-masing moal aya kajadian luar biasa anu teu kudu terjadi,” cek Mang Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button