Cari Aman, Amanah Atawa Aman-ah?

LAMUN ditanya, ari jabatan teh amanah, cenah. Tangtu kabeh ge jawabanana pasti kitu. Entong boroning ceuk nu pinter bekelit, dalah ceuk budak beureum ge pasti ari jabatan teh amanah. Sakumaha anu biasa dikedalkeun ku nu ngalantik, jabatan teh sareatna kapercayaan pingpinan, atuh hakekatna amanah Tinu Maha Kawasa.
“Punten Mang, abdi tumaros, dupi anu disebat amanah teh naon? Abdi sering mireng diunggal tempat nu nyararios jabatan teh amanah. Naon pihartoseunana nya Mang?”
“Sakumaha anu kaungel dina katerangan, jabatan teh hahekatna amanah ti Alloh Swt. Hartina, kasing saha anu meunang amanah enggoning ngalaksanakeun gawena kudu luyu jeung kahayang nu mere eta amanah. Upamana bae, tapak lacakna eta pejabat kudu leuwih hade, tekadna ngamajukeun lembur demi kamamuran sakumna rahayat. Atuh kadituna, mibanda udagan pikeun ngahontal kabagjaan, kasalametan katut karidoan manten-Na. Kitu kira-kira, da pajabat anu amanah mah tara ngeupeul ngahuapan maneh, belaan boga dahareun sakeupeul ge dipake ngahuapan batur pikeun nulung kanu butuh, nalang kanu susah,” walon Mang Suadma.
“Atuh sae pisan nya Mang, upamina sadaya pamingpin ngalaksanakan amanah luyu sareng parentah Allah Swt,” ceuk SI Otong.
“Apanan ceuk dina katerangan oge ari pamingpin teh disebutna oge halifah fil ardi, pikeun jadi pamingpin di bumi demi ngamamurkeun kahirupan sakumna manusa anu kumelendang di alam dunya,” walon Mang Suadma.
“Geuningan buktosna aya keneh pamingpin anu teu acan ngalaksanakeun amanah sakumaha mistina?” tanya Si Otong, heran.
“Pamingpin model kitu, bisa jadi tacan apal kanu disebut amanah. Saupama aya keneh pejabat nu model kitu, eta mah lain amanah, tapi ngarasa aman-ah. Ngarasa aman dirina, batur mah rek baranghakan boh hanteu, nu penting dirina ngarasa aman tina panalingaan batur padahal batur oge pada arapaleun kana eta kalukuan pejabat,” omong Mang Suadma.
“Naha aya keneh pamingpin anu teu aman dina alam kiwari? tanya Si Otong.
“Kieu Tong, saprak cakrawala pulitik di lembur urang beda 180 darojat, boa-boa jenuk pejabat anu cari aman, pura-pura amanah atawa ngarasa aman-ah? Upamana bae milampah pagawean ukur ngagugurkeun kawajiban, eta cari aman. Aya oge anu pura-pura amanah bari jeung embung kaciwit (kapenta batur), kagiatan sasamunian, embung wanoh jeung wartawan, nu penting ngarasa aman-ah tina panalingaan batur. Padahal batur ge narenjokeun ke eta kaluanana . Numatak kahade, andika isuk jaganing geto kaparengkeun jadi pangagung atawa pejabat, kudu amanah nu sabenerna. Ulah kajadian jiga nu amanah, padahal dewekna ngarasa aman-ah. Gampang pisan nalingakeun pejabat anu cari aman, pura-pura amanah jeung ngarasa aman-ah. Ulah lalawora, Bro…!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)