Sabiwirhiji

Baroga Imah Mewah, Menta Tunjangan Imah

MASARAKAT nyorot kana pamundut lagu wakil rayat tepi ka danget ieu teu weleh jadi kacapangan sabiwir hiji, cek basa kerenna mah jadi viral sa-alam dunya.

Malahan anu teu panuju kana eta pamundut, lain ukur warga nu aya di lembur, dalah nu keur sarakola di mancanagara oge sarua ngayakeun protes ka pejabat nu ngawakilan nagara nu aya di luar nagri.

“Teu ngarti Ka mah, meujeuhna lamun Mamang anu sapopoena molor di pos ronda (jadi tukang koprek) barangpenta hayang boga imah pikeun pangiuh-ngiuh enggoning hirup kumbuh,” cek Mang Suadma.

“Saha nu hoyong boga imah, apanan Mamang oge gaduh sanes, sanaos rompok saageung plok buah oge?” tanya Si Otong.

“Atuh heueuh, najan kaula teu boga imah gedong sigrong ngagerendong, nu penting hujan teu kahujanan, panas teu kapanasan, sare ti peuting teu weleh ngaguher, malah tepi ka kerek mani nyegrak bakating saking pulesna, nya Tong?” cek Mang Suadma.

“Atuh kantenan Mang, nu penting urang mah tiasa sare tibra dina kaayaan kumaha bae. Sanaos kasur sareng anggel (bantalna) teu empuk deui, dawuhna sare tibra mah tos teu emut bumi alam. Mung anehna, saur beja, duka leres, teuing enya, aya wakil rayat anu keukeuh peuteukeuh meredih tunjangan imah, tunjangan komunikasi jeung tunjangan sejenna anu nilaina kawilang pantastis,” omong Si Otong, heran.

“Numatak kaula mah teu ngarti, baruk lembur di urang teh dina kauangan sedang tidak baik-baik sajah, hutang kaditu, hutang kadieu cenah, tapi aya pagawe lembaga nagara keukeuh peuteukeuh, teu bisa disasaduanan kudu nyumponan pamentana. Aneh Ka mah…..” cek Mang Suadma, tidak habis pikir.

“Manawi aranjeunna teu garaduheun bumi?” Tanya Si Otong, singget.

“Piraku teung nya Tong, entong boroning eta anu kasebutna wakil rayat, dalah andar-andar (gelandangan) oge baroga keneh imah, teuing imahna dikolong jembatan oge. Aya deui kudu mayaran tunjangan komunikasi, eta keur nelepon ka luar dunya mana? Apanan kuota 50 rewu oge teu erep sabulan ieuh. Sakapeung pamentana matak teu kaharti ku pikir, teu kahontal ku akal. Buktina menta tunjangan imah anu nilaina sarua jeung saharga imah di lembur….!” cek Mang Suadma, hemeng.

“Duka atuh Mang, abdi mah teungartos. Abdi ge gaduh gajih sasasih bari jeung seep ku potongan, apanan tanggungjawabna abot pisan. Kedah apel pagi, nganggo acuk seragam, wajib tumut kana aturan kepegawaian, upami hoyong ningkatkeun karir kedah diklatpim, penataran, pelatihan, tugas ka luar kota, nohonan undangan ti puseur dayeuh (ibu kota), diulem ku pangagung ku nu aya di tingkat propinsi, digugujeg ku nu meredih itu, meredih ieu, bari jeung duitna euweuh, cik eta pikir, kumaha ari geus kitu. Lain menit-menit deui, tapi saditueun ti menit,” cek Si Otong, ngaberendelkeun kasibukan pagaweanana bari jeung tanggungjawab anu sakitu beuratna, lebah pangalana (gajihna) saeutik ari pagaweanana saabreg.

“Teuing lah kaula mah teu ngarti, no komen….! Ongkoh baroga imah mewah tapi menta keneh tunjangan imah. Mendah dialur teuing, cek urang wetan tea mah, jah…. anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, cenah dhoh….!” omong Mang Suadma. (Kang Sul)

Related Articles

Back to top button