Sabiwirhiji

Ongkoh Boga Kahayang, Tapi Ongkoh-ongkoh Bae

Sugan ari gawe di lembaga teh gawe di nenek moyang sorangan,
kumaha pangrasana. Apanan rengkak paripolah urang teh aya nu
nganilai, nyaeta pingpinan nu leuwih luhur. Sugan teu loba nu
ngawaskeun sepak terjang urang teh, atuh kalakuan/pagawean hade
meureunan bakal kacatet hadena, komo nu goreng mah dicatetna oge
lain ku patlot, tapi ku penah tinta merah. Numatak kudu ati-ati Bro…..!
Punten… Mamang, bra-bro kasaha? Bagi atuh abdi,” cek Si Otong, api-
api (pura-pura) teu yaho.
“Nyaneh ulah sok pura-pura bodo, eukeur mah heueuh belegug,
katurug-turug ngabobodo maneh. Uing ge ngarti atuh, Tong. Da ari
jalma mah lamun aya kahayang biasana sok beda dina ucap, lampah
jeung paripolah. Dhoh……. cek urang wetan tea mah…..!” tembal Mang
Suadma.
“Saha Mang anu gaduh kahoyong, abdi mah asa teu rumaos. Eta mah
pendapat Mamang wae panginten,” tempas Si Otong.
“Sugan kaula teh teu ngawaskeun andika, da totoongan kaula mah
geuningan beda, andika teh jiga nu aya kahayang,” Mang Suadma,
ngajebak Si Otong.
“Henteu Mang, bujeng-bujeng aya kohoyong jabatan dalah hoyong
undak kalungguhan ge asa sesah pisan geuningan,” walon Si Otong.
“Tuh geuningan ahirna mah ngaku maneh teh sumpoyang-sampoyong
kaditu-kadieu jiga nu teu puguh rampa. Kahade ulah sok saram-
rampana, tapi kudu jelas naon anu dirampak ku urangna,” cek Mang
Suadma.
“Leres nya Mang, cik atuh kedah kumaha abdi supados kahoyong tiasa
diakomodir kunu gaduh kabijakan?” tanya Si Otong, panasaran.
“Atuh andikana bae sing bener, cek kolot tea mah, kudu bisa ngindung
ka waktu, ngabapa ka jaman, poma ulah rek sewang-sewangan komo
papalingngpang jeung kabijakan dunungan mah. Urang teh kudu
nembongkeun prestasi, dedikasi, loyalitas dan tidak tercela. Komo
lamun dibarengan ku monoloyalitas tunggal, eta mah haransi masing
hayang jadi naon bae oge. Tangtu ku dunungan oge moal disaha-saha,
malah bakal dibaeu-baeu, da geus teruji dina sagala bidangna,” omong
Mang Suadma, panjang lebar.
“Oh… kedah kitu abdi teh?” tanya Si Otong, singget.
“Atuh nya heueuh, ari kamari-kamari andikana kaendi bae? Ongkoh
boga kahayang, tapi jiga nu ongkoh-ongkoh bae, nya rek kumaha?
Padahal gampang pisan, lamun hayang kapake ku petinggi birokrat
jeung sakumna masarakat, urang kudu tumut kana pangajak
pangagung pikeun bareng-bareng nanjeurkeun bebener. Eta mah
kumaha carana bae, kudu bisa menterjamahkan kabijakan jeung pola

pikir pingpinan, lain sewang-sewangan atawa papalingpang jeung
kabijakan dunungan. Pagawe model kitu hirup dimana bae bakal loba
sandunganana. Atuda kumaha ieu mah, ngabangun komunikasi katut
kolaborasi jeung para pihak anu ngarti, hanteu alias bororaah. Eta mah
wayahna, cepat atau lambat, meureunan jeung tinimbang untung
kalahka buntung, bongan sorangan, Bro….!”.(Kang Msul)

Related Articles

Back to top button