Sabiwirhiji

Ongkoh Boga Bendungan, Tapi Sawah Gararing

Lembur teh urang kasebutna mah kabopaten pensuplai air keur
kapentingan irigasi sawah, perkebunan, pausahaan jeung sajabana.
Malah eta kakayaan alam sakitu berlimpahna lain ukur bisa dinikmati ku
warga atawa patani nu aya di urang. Tapi patani/pausahaan nu aya di
luar kabopaten ge kabawa cipruk (baseuh) ku limpahan cai anu dikirim ti
lembur urang teh. Atuh puguh lamun urang rek deleka mah bisa
dipendet, pasti penduduk nu aya di hilir luar kota bakal ngoceak
kagaringan.
“Alhamdulillah nya Mang, lembur urang mah subur ku cai najan nincak
mangsa halodo ge, cai teh cur-cor keneh, teu kungsi saat ngagerat.
Nandakeun lembur urang teh subur ku sumber alam, keur tamba
halabhab (haus) bae mah teu matak hawatir,” cek Si Otong.
“Atuh heueuh, salian boga dua bendungan raksasa, atuh sumber cai
anu cur-cor ti pagunungan masih keneh ngagolontor bisa ngahirupan
kabupaten tatangga. Numatak urang kudu sukuran, ku sumber cai-cai
bae mah teu kudu meuli ka batur, malah sabalikna, batur anu meuli ka
urang,” tembal Mang Suadma.
“Leres nya Mang, bade kumaha deui hirup di lembur urang teh, asa
kacida upami teu mamur sapertos kabupaten sebelah anu dipaparin
cai ti bendungan urang nu aya di palih wetan,” walon Si Otong.
“Ngomong naon andika? Wetan nu mana anu menikmati cai ti
bendungan urang? Tanya Mang Suadma.
“Muhun urang wetan anu menikmati cai ti bendungan urang tea, kitu
manawi, Mang. Teu kedah dipadungdengkeun perkawis eta mah margi
parantos janten kabijakan ti tonggoh. Kitu manawi Mang,” jawab Si
Otong.
“Kaula mah rek aya kebijakan ti tonggoh (pusat) atawa kebijakan ti
landeuh (daerah) teu urusan. Ngan bae kamari aya urang wetan keneh
nyarita dina riungan, baruk teh urang nu boga bendungan, hanas batur
nu aya di luar kabopaten anu menikmati cai ti eta bendungan nu aya di
lembur urang. Tah kitu Tong, ari nyarita teh kudu dumasar kana pakta
lain ukur carita hayang kaalem,” tempas Mang Suadma.
“Upami persoalanana sapertos kitu, kumaha saena atuh Mang,
supados urang wetan (lembur urang) anu kalangkungan ku kokocoran
cai tiasa kabagian,” walon Si Otong, menta solusi.
“Terus terang Mamang mah Tong, bati sedihna bae aya kuwu usul,
baruk teh ari bendungan aya di lambur urang hanas anu menikmati
caina urang kabopaten sejen. Cik atuh, ajangan sawah nu aya di beulah
wetan lembur urang kudu kabagian cai anu dikocorkeun ti bendungan
nu aya daerah sorangan. Ongkoh boga bendungan, tapi sawah nu aya
wetaneun bendungan gagararing teu kabere cai asa kacida. Aya dina

paribasa sunda; bebek ngoyok di sagara, rek nginum neangan cai, asa
papalingpan nya Ka? Baruk ari pembangunan teh kudu berdampak, nya
berdampak keur kamamuran tatangga, sumawona kudu karasa oge ku
warga nu aya di sabudeureun sumber cai. Jadi, pangwangunan teh
kudu mimanda multi epek anu matak merenah kalawan tugenah kana
manah keur warga nu aya di daerah pon kitu luar wilayah, yaah……..?”
pungkas Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Ngokolakeun pausahaan milik daerah beunang disebut gampang-
gampang enteng. Kumaha bisana kitu, geuningan di daerah sejen anu
teu boga sumber alam berlimpah, bukitna bisa hirup tur maju kalawan
mampu mere kontribusi keur PAD (Pendapatan Asli Daerah) anu matak
nyugemakeun. Ngan aya kaanehan oge, di salahsahiji daerah anu
kakayaan alamna kawilang potensil, tapi perusahaan milik daerahna
ugat-uget bae di enggon (di tempat). Jah…. geuning pedah naha….?
“Teu ngarti Ka mah, ongkoh lermbur urang teh sebagai pensuplai cai,
pemasok pangan, alamna endah, tanahna subur, kakayaan alamna
makmur, hawana sejuk tur panghadena sa-propinsi. Tapi geuning
pausahaan daerahna teu maju-maju saperti nu aya di lembur batur?
Aneh tapi nyata, nya Tong?” tanya Mang Suadma.
“Saleresna mah teu kedah kitu, upami ningali sareatna sapertos kitu,
rahayat nu aya di daerah urang kedah kacandak subur makmur
lohjinawi, teu kirang sangdang kalawan pangan. Eta kumaha ari kitu
lalampahan petinggi BUMD, bujeng-bujeng maparin kahirupan ka
balarea. Dalah keur dirina sorangan ge jiga nu seuseut seuat hayang
boga bati tina eta perusahaan teh,” cek Si Otong.
“Andika bae anu kasebutna jalma ngarti bubuhan pagawe tea, tangtu
kudu leuwil apal ti kaula. Lebah jalma model kaula anu teu apal kana
urusan menejmen pausahaan, asa teu ngarti sapisarateun. Tapi kumaha
carana eta pausahaan daerah sangkan bisa maju teh. Asa kacida,
piraku,” omong Mang Suadma..
“Upami Mamang teu ngartos kana urusan menejmen pausahaan teu
kedah masihan komentar kana eta BUMD. Keun bae antep kumaha
brehna bae,” walon Si Otong.

“Dikitukeun komo, dalah aya nu ngiritik jeung mere masukan ge embuh
beli weruh bae, cek basa Cerbon mah,” omong Mang Suadma.
“Atuh muhun cek abdi ge ulah kapati-pati merhatoskeun eta pausahaan
daerah, dalah nu ngokolakeunana oge jiga nu teunggar kalongeun
(ongkoh panon molotot tapi jiga nu ti babaradug), apanan aneh bin
ajaib,” tembal Si Otong.
“Ari kaula mah Tong sok inget kana paribasa kolot urang baheula,
upama ningali kondisi BUMD aya dialam subur ku sumber alam tapi jiga
nu heureut lengkah rek majuna teh. Sok emut kana paribasa, bebek
ngoyok di sagara, rek nginum kalah ge sangsara neangan cai. Apanan
teu nyeni, ibarat hayam paeh akibat kalaparan aya dina tumpukan pare,”
tembal Mang Suadma.
“Leres pisan eta paribasa teh aya relepansina sareng kondisi kahirupan
BUMD nu aya di lembur urang,” omong Si Otong.
“Tah…. kitu kaula ari keur ngomong teh regepkeun, sanajan teu apal
kana usuran teknis ngeunaan menejmen pausahaan, tapi lilingeran mah
boga. Nu matak kanu ngokolakeun paushaan daerah kudu leuwih
kreatip enggoning ngaronjatkeun beubeunangan tina hasil
pengembangan usahana. Ulah neumbleuhkeun teuing kana keuangan
daerah yang sedang tidak baik-baik sajah. Jalma bodo ge lancar kana
ngomong saperti kitu mah. Tapi kuhama carana ulah tepi kajadian
saperti dina paribasa; Bebek ngoyok si Sagara, rek ginum neangan cai.
Asa patojaiyah!” cek Mang Suadma, mungkas carita. (Kang Msul)

Related Articles

Back to top button