Lembaga Kasehatan Paling Disorot Jeung Disemprot

Ciduh ge tacan tuus, geus der ….deui bae kabejakeun aya kajadian anu
matak ngagenjleungkeun. Duka kumaha ari kitu teh, ku kajadian tiheula
kuduna mah dijadikeun eunteung sangkan bangbaluh (akibat eta
persoalan) henteu terulang kembali. Tapi kabuktinana teu kitu, jeung
tinimbang eta pasualan reda kalah ka jul-jol ku permasalahan nu
araneh-aneh. Ongkoh jaman palinter, tapi rea nu papinter-pinter dina
sagala rupana. Dhoh……. sugan mah….!
“Atuh bareto pangagung di lembur urang ngamuk dumeh aya nu gering
datang ti isuk jeput hanas nu rek nambaanana datang beurang. Heueuh
rek ka saha menta pertolongan tina eta pangakit lamun lain ka ahlina,
tapi nu rek dipenta tulung/pelayanan datangna beurang. Teu ngarti Ka
mah…..!” Cek Mang Suadma.
“Tos-tos…. tos… Mang, teu kedah dikomen deui da eta mah kapungkur,
boa-boa ayeuna di eta lembaga kasehatan parantos langkung sae
sajeroning masihan pelayanan ka sakumna rahayat,” walon Si Otong.
“Nyaho teuing, da kaula mah teu apal tur tara menta ubar ka eta
tempat,” cek Mang Suadma.
“Teras aya naon deui anu kamari-kamari piral?” Si Otong malik nanya
kalawan singkat.
“Eta .., andika anu apal da kaula mah nyaho ge tina media. Eta ge duka
enya, teuing bener, aya temuan dihiji lembaga kasehatan anu nilaina
ngahontal miliar rupiah. Kagila-kagila teuing tepi kajadian seperti kitu?
Tanya Mang Suadma.
“Tos…. tos…. Mang, teu kedah dicarioskeun deui eta persoalan anu
parantos dipiralkeun, da tos beres,” Walon Si Otong, semu ngarerema.
“Kuduna mah samodel andika anu mere masukan jeung pencerahan ka
kaula teh. Ieu mah ari kaula nyambungkeun carita tina eta kajadian sok
disaliwangkeun jiga nu milu ka bandar,” Cek Mang Suadma.
“Sanes kitu Mang, margi upami eta pasualan hayuh bae diungkap atawa
dibewarakeun deui tangtos moal aya rengsena. Tibatan beres tangtos
bakal langkung herengheng (memanas),” walon Si Otong.
“Cek andika kitu soteh, kaula selaku rayat (masarakat awam) ningali
sejumlah persoalan anu tumiba ka lembaga naon bae sok kabawa
geregeteun hate teh,” jawab Mang Suadma.
“Leres kana kituna mah, atuda kumaha da parantos kajadianana oge.
Ayeuna mah kantun candak hikmahna bae tur teukedah aya kajadian
sapertos kitu deui,” jawab Si Otong.
“Heueuh da kahayang mah kitu, atuh beja temuan ge tacan tuus
(baseuh keneh), katurug-turug aya deui beja anyar nu leuwih
mengerikan. Cek dina eta berita, nu rek ngalahirkeun geus dua poe dua
peuting katalangsara tepi ka bayi nu dikandungna tilar dunya. Naon
sababna lembaga kasehatan paling disorot jeung disemprot lamun aya
kajadian anu bakal nimbulkeun balai? Sabab aya patula-patalina jeung
kasalametan nyawa manusa tangtu bakal leuwih sensitip cara
menyikapina. Ngan nya kitu, najan eta pasualan sering berulang,
jawabanana cukup ku berkelit. Upamana bae, kunaon nu gering geus
datang hanas nu rek ngubaran datangna beurang? Dijawab; harita teh
keur nulungan jalma gering piraku ditinggalkeun? Kunaon kaboker
temuan miliaran rupiah? Jawabna; itu dah selesai (temuan ayeuna
isukna selesai), kunaon ibu hamil tepi ka teu katulungan? Jawabna;
sudah berdasarkan SOP. Tah jawaban samodel kitu anu matak
ngageujleungkeun jagat teh…..!” omong Mang Suadma.(Kang
Msul)