Sabiwirhiji

Naekeun Tarip Cukup Ngalungkeun Kertas Sacewir

Abong jaman piral cek kolot tea mah beja sabiwir hiji, teu kaop aya
kasalahan najan saeutik langsung bae ibur salelembur, ear sajagat
gorombyangan. Malum ayeuna mah jaman teknolohi canggih (anu can
kapanggih) ku jalma buhun, can naha-naha boa eta beja teh bener
atawa enya, langsung bae piral ngaliwatan medsos.
“Contona naon anu ayeuna dipiralkeun teh, Mang?” tanya Si Otong.
“Atuh jenuk lamun rek ditataan hiji-hiji mah, boa teuing anu dipiralkeun
teh can karuhan bener, atawa enya, langsung bae mengudara. Abong
jaman tehnolohi moderen, eutik-eutik piral, eutik-eutik piral. Komo
kagorengan mah, jaba dipiralkeun teh disangray pisan atuh tambah
marakbak,” cek Mang Suadma.

“Sok sanaos kiwari jaman cangggih, tetep urang mah kedah atos-atos
Mang bilih kuma onam. Baheula mah sabiwir hiji teh ukur ku carita
tamba gado ngaburayot, tapi ayeuna mah diulik supaya langkung piral
nya eta didukung ku peralatan moderen tea, alat komunikasi anu
kawilang mutahir,” walon Si Otong.
“Najan kitu Tong, tetep urang mah kudu waspada, ulah sakaba-kaba
pedah piral miluan miral-miralkeun atuh puguh tambah seah (gandeng).
Atuh buktina, karek ge rencana rek sosialisasi dina eta beja geus
sumeber kajadian. Padahal hiji pausahaan daerah karek ge
ngararancang sosialisasi rek ngundakeun tarip tapi dina eta beja
digederkeun jiga nu geus dipilampah, padahal karek ge rencana. Tah
kitu contona anu dipiralkeun di urang teh, Tong,” omong Mang Suadma.
“Naon sesahna atuh Mang bade naekeun tarip sieun ku piral, der-der
bae atuh nu penting tiasa ngaronjatkeun pelayanan ka para pelanggan
atanapi konsumen,” tembal Si Otong.

“Heueuh kana kituna mah, ngan bae asa hareudang tacan ge
ngundakeun harga tur tacan disosialisasikeun ibur na tepi tungtung
langit, cek cohagna,” tembal Mang Suadma.
“Masalah naekeun tarip ti kapungkur ge biasa sanes Mang. Kunaon ari
ayeuna sapertos anu katarajang sunami bae, tenang bae atuh Mang,”
cek Si Otong.
“Tenang-tenang 70, atuda kumaha teu matak teu tenangna geura,
cenah rencana naekeun tarip teh dipakuat-pakiatna jeung kondisi
masarakat anu keur elak-elok dina kaayaan repot ku kahirupan, cek dina
eta beja anu dipiralkeun teh,” walon Mang Suadma.
“Punten dupi Mamang na kantos maos eta eusi anu piralkeun teh?” Si
Otong malik nanya.

“Dimendi teuing nyaho, komo eta anu dipiralkeun teh ngaliwatan HP. Ari
kaula gambleg HP tiendi, ngarti ge hanteu, kumaha rek nyaho anu rek
dipiralkeun. Geuningan baheula ge naekeun tarip teh der-der sakitu

digederkeun oge taya nu masualkeun ieuh. Malahan lamun aya jalma nu
nanyakeun rek naekeun tarip (jalma teh) cukup dialungan kertas
sacewir. Oh bade naek nya? Tapi ayeuna tacan ge disosialisasikeun
iburna sakalangkung, abong jaman moderen aya nu miralkeunana. Tapi
urang ulah waka nyalahkeun tehnolohi, kunaon baheula naekeun tarip
tara ibur ieuh, sabab petinggi pausahaan teu weleh membangun
omosional malah kemistri jeung saha bae, kaasup jeung para pewarta.
Numatak ngabangun kemistri atawa emosional teh lain ukur keur aya
kahayang wungkul, tapi kudu tetap terjalin sacara lahir kalawan batin,”
cek Mang Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button