Jadi Pejabat di Lembur Teu Nyaman, Pedah Naha?

Batur mah harayangeun jadi pagawe teh, komo jadi pejabat mah teu
siriknya tipoporose pikeun nyangking eta kalungguhan. Belaan lumat-
lamot, hurumpay-harempoy, tur budag-badug ka pada batur jeung rea-
rea deui anu dipilampah ku sawatara jalma anu gila jabatan. Kagila-gila
teuing hayangna kumaha, nya Ka? Lamun mak-mak, muk-muk keneh
kana urusan jabatan anu kiwari kacangkin, tangtu moal meunang
katenangan hirup lantaran teu ditarimakeun ku cara sukuran.
“Apanan cek kolot urang, ari jabatan teh pupulasan, dunya (kakayaan)
ukur sasampiran tur nyawa ukur gagaduhan (kagungan Nu Maha
Kawasa). Lamun kunu gaduhna dirawatan (harta, jabatan/pangkat jeung
nyawa) nya rek kumaha, naon anu dipake anggeuhan? Numatak ari
hirup teh kudu loba sukuran tur kudu tamarima kana naon-naon anu ku
urang kapimilik. Kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma, ujug-ujug
mere ceramah ka Si Otong.
“Leres pisan sagala rupi anu kapimilik ku diri urang kedah disukuran,
upamina henteu disarengan ku hate anu jembar tangtos enggoning
kumelendang di alam dunya moal tinemu sareng katenangan. Kitu
manawi Mang,” walon Si Otong.
“Bener pisan andika, buktina kaula ukur hirup tina buburuh koprek, eta
ge aya nu mayar, aya oge nu nganjuk, da teu panas, teu hareudang
hirup teh. Kaula mah biasa bae sabab ditarimana ku kaiklasan jeung
kajembaran manah. Beda jeung andika, ketenjona hirup teh jiga nu
katindihan beban, sasapaan teuing….!” cek Mang Suadma.
“Duka atuh Mang, kanggo abdi mah ukur eungap meueusan, margi
eselon ge panghandapna. Benten sareng nu sanes, hususnya kanggo
anu nyangking kalungguhan eselon dua, sapertosna teh pating sareblak
hatena teh. Buktosna, seueur eselon luhur anu Bedol Desa,” walon Si
Otong.
“Nya pedah naha, teu gugur teu angin ujug-ujug jiga nu kompak jenuk
pejabat nu Bedol Desa, nya pedah naha?” tanya Mang Suadma..
“Leres nya Mang, moal pati-pati aya aseup upami taya seuneu. Tangtu
anu bedol desa oge aya sabab musababna tiasana nekad hoyong
pindah pikeun nyangking jabatan di lembur batur,” tembal Si Otong.
“Tangtu andika nu leuwih nyaho, naon sababna tepi ka ngarasa teu
betah hirup di lembur sorangan padahal keur anteng nyangking
kalungguhan anu teu kapimilik ku batur. Teu ngarti Ka, mah?” tanya
Mang Suadma.
“Duka atuh Mang, namina oge jalmi, urang teu tiasa neuleuman hate
manusa. Aya kesebatna hate manusa sanaos deet moal kakobet,”
tembal, Si Otong.
“Kaula ngarti, tapi lamun disimpulkeun dumasar kana perhitungan
pranata mangsa cakrawala pulitik, teu kudu aneh lamun aya kajadian
rea nu pejabat Bedol Desa jeung pagawe nu garugulunuk. Pertanyaan,
kunaon jadi pejabat di lembur sorangan teu ngarasa nyaman, andikana
pedah naha? Cek Ki Dalang tea mah, bongan andika meureun kamari
nganaha-naha ka batur, pasti bakal aya nu nganaha-naha.
Tapi lamun urangna teu naha-naha, da moal dinaha-naha. Bisana urang dinaha-
naha, sabab nganaha-naha ka batur, antukna batur ge nganaha-naha
deui ka urang. Lamun enya tea aya pejabat cicing di lembur sorangan
teu ngarasa nyaman, nya pedah naha…..?” tanya Mang Suadma. (Kang
Emsul)