Jadi Pejabat di Lembur Teu Nyaman, Pedah Naha?

BATUR mah harayangeun jadi pagawe teh, komo jadi pejabat mah teu siriknya tipoporose pikeun nyangking eta kalungguhan. Belaan lumat-lamot, hurumpay-harempoy, tur budag-badug ka pada batur jeung rea-rea deui anu dipilampah ku sawatara jalma anu gila jabatan. Kagila-gila teuing hayangna kumaha, nya Ka? Lamun mak-mak, muk-muk keneh kana urusan jabatan anu kiwari kacangkin, tangtu moal meunang katenangan hirup lantaran teu ditarimakeun ku cara sukuran.
“Apanan cek kolot urang, ari jabatan teh pupulasan, dunya (kakayaan) ukur sasampiran tur nyawa ukur gagaduhan (kagungan Nu Maha Kawasa). Lamun kunu gaduhna dirawatan (harta, jabatan/pangkat jeung nyawa) nya rek kumaha, naon anu dipake anggeuhan? Numatak ari hirup teh kudu loba sukuran tur kudu tamarima kana naon-naon anu ku urang kapimilik. Kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma, ujug-ujug mere ceramah ka Si Otong.
“Leres pisan sagala rupi anu kapimilik ku diri urang kedah disukuran, upamina henteu disarengan ku hate anu jembar tangtos enggoning kumelendang di alam dunya moal tinemu sareng katenangan. Kitu manawi Mang,” walon Si Otong.
“Bener pisan andika, buktina kaula ukur hirup tina buburuh koprek, eta ge aya nu mayar, aya oge nu nganjuk, da teu panas, teu hareudang hirup teh. Kaula mah biasa bae sabab ditarimana ku kaiklasan jeung kajembaran manah. Beda jeung andika, ketenjona hirup teh jiga nu katindihan beban, sasapaan teuing….!” cek Mang Suadma.
“Duka atuh Mang, kanggo abdi mah ukur eungap meueusan, margi eselon ge panghandapna. Benten sareng nu sanes, hususnya kanggo anu nyangking kalungguhan eselon dua, sapertosna teh pating sareblak hatena teh. Buktosna, seueur eselon luhur anu Bedol Desa,” walon Si Otong.
“Nya pedah naha, teu gugur teu angin ujug-ujug jiga nu kompak jenuk pejabat nu Bedol Desa, nya pedah naha?” tanya Mang Suadma..
“Leres nya Mang, moal pati-pati aya aseup upami taya seuneu. Tangtu anu bedol desa oge aya sabab musababna tiasana nekad hoyong pindah pikeun nyangking jabatan di lembur batur,” tembal Si Otong.
“Tangtu andika nu leuwih nyaho, naon sababna tepi ka ngarasa teu betah hirup di lembur sorangan padahal keur anteng nyangking kalungguhan anu teu kapimilik ku batur. Teu ngarti Ka, mah?” tanya Mang Suadma.
“Duka atuh Mang, namina oge jalmi, urang teu tiasa neuleuman hate manusa. Aya kesebatna hate manusa sanaos deet moal kakobet,” tembal, Si Otong.
“Kaula ngarti, tapi lamun disimpulkeun dumasar kana perhitungan pranata mangsa cakrawala pulitik, teu kudu aneh lamun aya kajadian rea nu pejabat Bedol Desa jeung pagawe nu garugulunuk. Pertanyaan, kunaon jadi pejabat di lembur sorangan teu ngarasa nyaman, andikana pedah naha? Cek Ki Dalang tea mah, bongan andika meureun kamari nganaha-naha ka batur, pasti bakal aya nu nganaha-naha,”
“Tapi lamun urangna teu naha-naha, da moal dinaha-naha. Bisana urang dinaha-naha, sabab nganaha-naha ka batur, antukna batur ge nganaha-naha deui ka urang. Lamun enya tea aya pejabat cicing di lembur sorangan teu ngarasa nyaman, nya pedah naha…..?” tanya Mang Suadma.(Kang Emsul)