Pagawe Kudu Netral tapi Ngabantuan Pupulitikan

Sajeroning taun pulitik sakumna pagawe teu weleh diwanti-wanti ulah
maen pupulitikan najan alesanana ukur balas budi. Teu kaci ari pagawe
mah, peupeujeuh bisi numbuk diapes bisa keuna ku tendangan pinalti.
Komo bari jeung nyiapkeun parawanten sagala mah, lebah kanyahoan ku
nu berwenang bisa dikeunakeun sangsi. Rek naha atuh barina ge make
luak-liueuk sagala, gawe bae nu puguh saha dunungan urang ayeuna, eta
anu kudu dipitumut enggoning milampah prohram pagawean.
“Naha nya Tong, sora pagawe pada monto bae, pedah naon? tanya Mang
Suadma.
“Margi ari pagawe mah gaduh gerbong, malihan aya hiji SKPD anu
gerbongna seueur pisan tur jiwana ngarewu deuih. Eta mah kantun
ngamalirkeun (nyalurkeun) we sora kanggo kapentingan pilihan teh,” walon
Si Otong.
“Oh… paingan pada marebutkeun, manahoreng aya sawatara unit kerja
anu bisa dijadikeun andelan, sok komo lamun samemehna aya komitmen
atawa adu renyom jeung pihak tertentu,” jawab Mang Suadma.
“Atuh muhun Mamang teh. Pangna pagawe, hususna pejabat kedah netral
oge, gaduh sesuatu anu dina waktosna tiasa dipurak. Komo anu menta
dukunganana anu kungsi nulungan urang, tangtos eta jalmi ngaraos
kebeungbeuratan anu ahirna kedah mulang tarima atuh carana kumaha
bae, kitu manawi, Mang,” tembal Si Otong.
“Baruk aturanana ari pagawe mah kudu netral nya Tong?” tanya Mang
Suadma.
“Sumuhan ti kapungkur ge kedah netral dumasar kana aturan mah, namun
rada sesah upami kedah netral 100 persen mah. Atuh aya pagawe rada
cueut ka salah sahiji calon mah manawi jamak we atuh, Mang,” walon Si
Otong.
“Lamun enya aya pagawe anu teu netral, kumaha akibatna?” Mang
Suadma, malik nanya.
“Bahya (saditueun bahaya) atuh Mang, tiasa dipecat!” cedk Si Otong.
“Asa piraku dipecat mah sugan, naha geus aya PNS gara-gara teu netral
ujug-ujug dipecat tina pagawe nagrina atawa jabatanana? Asa can
ngawenehankeun, Ka mah,” tembal Mang Suadma.
“Atuda moal aya pejabat anu ngahagal-hagal ngiringan kampanye mah,
tangtos cara katut gayana moal katawis ku jalmi awam. Carana kumaha we
nu penting aya larna,” walon Si Otong.
“Oh aing ngarti, pejabat mah leuwih ti pinter pikeun ngegulkeun anu
dijagokeunana. Atuh carana aya nu ngondisikeun dina widang kauangan,
huruwas-harewos bari jeung mahanan keur meuli kaos, nyayagian
pasitilas, jeung rea-rea deui anu moal kadeteksi ku jalma atah dina urusan
pulitik mah,” cek Mang Suadma.
“Oh… kitu, abdi nembe uninga,” walon Si Otong, pura-pura.
“Waduklah, apanan nyaneh anu sok mantuanana oge, komo mun
petahana atawa mantan dunungan anu milu makalanganana. Aing teu
ngarti, ongkoh pagawe teh kudu netral tapi bisa keneh mantuan dina
urusan pupulitikan? Lain ge netral eta mah! Numatak, sakali mah upama
aya pagawe teu netral kudu dipecat ambeh aya epek jera,” cek Mang
Suadma.(Kang Emsul)