Sabiwirhiji

Mundur Tina Kalungguhan Kudu Diceungceurikan

Mundur Tina Kalungguhan Kudu Diceungceurikan
Satiap pagawe pasti aya mangsana ngeureunan anu kasebut purnabakti
alias pangsiun tea. Cek istilah BKD tea mah, mangsa Batas Usia
Pensiun (BUP), wabil husus keur pagawe anu di-SK ku nagara pon kitu
pangsiunan tina pagawe pausahaan.
“Nyarioskeun naon Mamang teh, enjing-enjing tos ngabahas soal
pangsiun?” tanya Si Otong.
“Mamang mah bebas rek nyarita pangsiun atawa anu keur jeneng keneh
da lain pagawe, taya patula-patalina jeung kahirupan sapopoe,” tembal
Mang Suadma.
“Oh.. kitu, sugan teh Mamang bade pangsiun tina pagawe koprek
(patugas ronda) dumeh usia lanjut,” walon Si Otong.
“Kaula mah saha nu rek mangsiunkeunana, iwal ti lamun Mamang geus
teu kuat melek ti peuting, nya meureun kana boboleh, rek eureun
sorangan tanpa SK. Ari andika iraha rek pangsiunna?” tanya Mang
Suadma.
“Abdi mah tebih keneh Mang, masih keneh tiasa nyoblos ngiringan
pilihan,” jawab Si Otong.
“Sukur atuh ari lila keneh mah, Tong. Ngan kade lamun isuk jaganing
geto andika tepi kana BUP (Batas Usia Pangsiun), poma ulah rek
ninggalkeun amal goreng,” omong Mang Suadma.
“Maksad Mamang kumaha, abdi kedah ngantunkeun amal sae? Atuh
kantenan. Abdi mah entong boroning engke waktosna dugi kana BUP,
dalah ayeuna keneh ge tetep kedah ngajagi nama baik anu bakal
maparin wawangi ka diri pribadi katut kulawargi. Margi upami urang
codeka nuju dines, sesah pisan bade mulangkeun citra anu sae,” walon
Si Otong.
“Atuh heueuh alus pisan, sukur ari andika ngarti mah, Mamang ngarasa
bungah anu aya. Sabab aya diantarana ari keur jeneng diugung-ugung
lebah geus teu nyekel kalungguhan diapilainkeun ku sawatara kanca
atawa bawahanana. Andika ulah tepi ka kitu!” cek Mang Suadma.
“Aya kitu Mang, anu parantos lengser tina kalungguhan teu dipirosea ku
para balarea?” Si Otong malik nanya.
“Jigana di lembur urang mah moal aya, da sapopoena gak-gok jeung
papada arurang. Ngan duka di daerah sejen mah boa-boa aya, sabab
adat-istiadat unggal daerah beda-beda,” omong Mang Suadma.
“Atuh saena kedah kumaha pikeun ngingkahan anu teu dipiharep
sabada abdi teu jeneng deui nyepeng kalungguhan?” Si Otong menta
bongbolong.
“Sakumaha cek kolot baheula, sabada urang lengser tina kalungguhan
sangkan tetep seungit nyambuang sapakarangan kudu mibanda yuni
kembang. Rek iraha tur dimana bae ayana urang kudu mawa ngaran

anu hade, lain ukur moponggok harta. Lamun bisa mah, urang mundur
tina kalungguhan teh kudu diceungceurikan, cek ki dalang tea mah;
keur sono kapegat lalakon, keur nyaah kapegat halangan, lir kadia
caringin peunggas dahanna, kiamat sosoranganan. Kitu meureunan anu
hade mah tur bakal dipikatineung salawasna ku balarea, lain sabalikna.
Mundur tina kalungguhan rea nu mubur tiis, cilaka dua welas Bro…..!
Untung ayana di daerah batur,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button