Sabiwirhiji

Budak Diasuh Ku HP, Kahade…!

Abong jaman ahir, kacintaan kana kadunyaan teh kaleuleuwihi. Belaan
tisuksuk tidungdung, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, pikeun nyiar
kipayah keur nyumponan kehirupan. Nu miskin ku miskinna, sumawona
nu beunghar ku beungharna kalah tambah motah. Teu aneh lamun aya
anak kalantar dina widang pendidikanana lantaran indung bapana tungkul
bae kana haliah dunya. Antukna nu teu boga ngarasa menit ku
teukabogaanana pon kitu nu kaya super sibuk ku kabeungharanana. Jah…!
“Saking sibukna kolot neangan duit, tepi ka anak mah teu kadidik jeung
teu kaatik,” cek Mang Suadma.
“Leres oge nya Mang, kumaha bade janten anak soleh tur solehahna
upami pendidikanana kaluli-luli atawa dipasrahkeun ka badega (pembantu)
kanggo nu aya pakeunana,” walon Si Otong.
“Kumaha generasi bangsa ka kahareup lamun aya keneh nu ngadidik
budak ku badega. Ngaranna oge pembentu, ukur keur ngabantu-bantu, lain
pagawean utama keur ngadidik budak. Numatak rea budak nu mantangul
oge atuda anu ngadidikna sasat deungeun-deungeun badis,” cek Mang
Suadma.
“Leres pisan Mang, atuda sanes bagianana badega (pembantu) kedah
ngadidik budak mah. Sanes ngarendahkeun harkat darojat badega,
punten. Numawi nu janten sepuhna ulah mercantenkeun teuing kunu
ngasuh,” walon Si Otong.
“Atuda kumaha hirup di jaman now mah, budak asal anteng cukup dibere
HP nu rea gambaran jeung permainan,” tembal Mang Suadma.
“Abdi mah manghawatoskeun, Mang. Leuheung basa dina jero HP teh
gambarna anu sipatna ngadidik, lebah gambar anu teu uni, apanan matak
ngajantenkeun bangbaluh ke eta murangkalih, Mang,” jawab Si Otong.
“Malah aya nu leuwih parna deui, budak kakara crut cek paribasana, ku
kolotna dibere HP mahal sangkan anteng, baruk teh,” cek Mang Suadma.
“Anteng kumahana Mang?” tanya Si Otong.
“Heueuh, saking antengna, heug kabuka gambar unyil, nya rek kumaha
lalampahan generasi bangsa ka hareup?” tanya Mang Suadma.
“Hawatos abdi ge Mang, eukeur mah hasil didikanana ku pembantu,
katurug-turug dipasihan HP anu eusina sanes tingaleun murangkalih,
bahaya atuh Mang, langkung ti kacow!” cek Si Otong.

“Eta mah lain kacow deui, tapi saditueun ti kacow. Budak alam kiwari
leuwih maher kana ngutak-ngatik HP, beda jeung jaman Mamang.
Kumaha teuing lamun aya situs anu lain deuleueun budak kabokerkeun.
Saupamana isuk jaganing geto lamun anak incu urang karacunan HP. Anu

rugi salin ti eta budak, kolotna oge bakal riweuh ngabandungan kalajak
budak. Ulah lalawora, budak diasuh ku HP, kahade….! Lamun kolotna ler
jeun sarua jeung ngaracun anak sorangan. Nu matak urang kudu ati-ati
sajeroning mere jeujeuhan jeung atikan ka anak boh incu, sabab peran
indung bapa can bisa tergantikan,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button