Sabiwirhiji

Beda Pilihan Ulah Dianggap Musuh

Ti usum piulihan ka usum deui pilihan asa teu karasa, aya kituna nya Ka?
Cik atuh nu palinter teh ulah sok nyangray teuing sual pilihan, apanan
balukar tina beda pilihan anu periode kamari araya keneh gantar kakaitan.
Enya ari dina ngaromong mah, urang kudu silih lubarkeun, taya istilah deui
pendukung jeung non pendukung. Jah…….dina seuhseuhanana angger we
silih cirian, mana anu pro jeung nu teu pro, kaasup nu abu-abu. Cek Mang
Suadma mah, kagila-gila teuing melaan naon atuh, teu pira ukur
marebutkeun kejo sapiring tepi ka teu akur jeung pada batur.

“Aya naon Mang, kapirengna teh ngabelaan sangu aspiring sagala
antukna matak pagujrud jeung tatangga?” tanya Si Otong.
“Enya, asa kamari ieu pilihan teh ayeuna geus rek pilihan deui. Nya… padu
aman tur saralamet we Mamang mah,” tembal Mang Suadma.

“Atuh leres pisan, eta anu dipiharep. Bade naon deui atuh, komo urang
mah jalmi leutik, nu penting enggoning hirup kumbuh di pilemburan luyu
jeung aturan agama katut dirigama,” walon Si Otong.
“Heueuh ari nyarita mah jiga nu bener. Lebah praprakanana pedah beda
pilihan dianggap kontra, apanan rek patanya ge jiga nu hoream,” omong
Mang Suadma.

“Atuda kumaha Mang, abdi mah aya harewosna ti dunungan. Urang teh
sing ngartos we atuh, Mang!” jawab Si Otong.
“Andika kitu soteh nu aya patula-patalina jeung kapentingan, kaula mah
jalma bebas. Ah madia teuing rek milih saha bae, bebas ieuh!” tembal
Mang Suadma.

“Nya … leres kana kituna mah, teu langkung Mamang. Da namina ge di
alam demokrasi, kakawasaan aya di tangan rayat,” jawab Si Otong.
“Gandenglah, buktina lamun usum pilihan, heug batur teu luyu jeung pesan
sponsor urang apanan ku andika sok dicirian,” tembal Mang Suadma.
“Nyirian kumahana Mang, eta mah hak warga nagara, bebas kanggo
nangtoskeun pilihanana,” tembal Si Otong.

“Ti baheula ge kitu ngomong mah, buktina pedah teu ngadukung dianggap
lawan. Can karuhan, nu teu ngadukung boa-boa jalma bener. Sabalikna,
nu pro bisa jadi aya pamentana. Lamun urang saendengna boga hate
dengdem alatan teu sapamadegan sajeroning nangtukeun pilihan sarua
jeung ngagedean dosa. Baruk lamun rengse pilihan kabeh ge rayat/anak
sorangan, buktina teu kitu. Angger we patanya ge hambar, da karasana ku
hate. Cek kaula ge lamun hayang beres roes, ulah rek ngabeda-bedakeun
pro jeung kontra, komo bari jeung dianggap musuh mah. Rek deog boh
pengkor kabeh ge anak sorangan. Tapi nya kitu, ku sabab napsu nu

diheulakeunana, nu aya teh ngan rek curiga jeung curiga bae. Cek urang
wetan tea mah, jah…. anjogna mah kana pulitik, dhoh….!” cek Mang
Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button