Wakil Rayat Kudu Jadi Conto Sakumna Rahayat

Kacaturkeun di daerah batur, sawatara anggota legislatip kabarus tina
urusan dana aspirasi tepi ka kudu urusan jeung aparat penegak hukum.
Asa lain sakali dua kali wakil rayat diporostel kunu wajib alatan diduga
mengpar tina aturan enggoning ngagolangkeun dana aspirasi teh. Eta beja
duka bener, teuing enya, ari geus sumebar dina media masa, rek loba
alesan jeung loba uget oge, anu puguh mah ngaranna geus codeka dimata
masarakat.
“Enya kitu eta beja teh nya Tong? Kabejakeun aya wakil rayat dipariksa ku
aparat penegak hukum?” tanya Mang Suadma.
“Piraku bohong, Mang, tangtos leres, piraku dipariksa teu pupuguh upami
taya sabab musababna,” walon Si Otong.
“Pedah naha cenah, ngerakeun teuing. Ari ngomong pagede-gede sungut
demi ngabela rahayat, geuningan ahirna diperostel (dicehcer pertanyaan)
ku pihak berwajib lantaran kabejakeun lumat-lamot kana duit rayat, cenah
eta ge,” omong Mang Suadma.
“Manawi parantos numbuk dina apesna, Mang. Boa-boa lamun ditalungtik
mah langkung jero sanes ukur sual dana aspirasi bae. Toiasa oge
anggaran sejenna (boa-boa) aya nu diutak-atik demi neangan kauntungan
pribadi. Nista nya Mang, upami enya tea mah aya wakil urang anu linggih
di gedong dewan dipariksa sababaraha jam tina akibat mengpar tina
ngagolangkeun anggaran anu sanes kanggota peruntukanana,” cek Si
Otong.
“Lain nista-nista deui. Duka lamun nu jauh ka bedug mah. Lebah wakil
rayat nu dipihormat, katurug-turug dituduh ngakalan anggaran, apanan
leuwih ti nista deui. Nya lara nya wiring alias wiwirang di kolong catang,
nya gede panjang,” tembal Mang Suadma.
“Naon pihartieunana nya Mang eta kalimah teh?” tanya Si Otong.
“Atuh wiwirang gede pisan, hanas nuduh ka ekskutip baruk teh koruptor
(purah koropsi), manipulasi jeung sajabana. Lebah rea kajadian anggota
dewan dipariksa ku aparat penegak hukum eta mah atuh saditueun ti
wirang,” cek Mang Suadma.
“Saurna gajih dewan teh muncekil, kunaon masih keneh keukeuleuweuh
bae ku duit anu lain hakna,” omong Si Otong.
“Nya kitu tea, masing gajihna digedean ge angger we jiga nu halabhab
(haus) kana urusan fulus mah. Baruk rek merjoangkeun aspirasi rayat, ari
anu diperjoangkeunana angger miskin tur malarat, lebah nu
merjoangkeunana lubak-libuk teu kalebok. Wakil rayat model kitu ulah rek
diparilih deui, keun sina ngalanggur deui, sugan we atuh ambeh
kareseleun. Ari wakil rayat teh rengkak paripolahna (idealna) kudu jadi
picontoeun sakumna rahayat. Sabab kangaranan wakil rayat disebutna oge
yang mulia, tapi dina seuhseuhanana aya keneh nu mengpar tina
kenyataanana. Nu matak wakil rayat kudu jadi conto, keur sakumna
rahayat. Lain tibalik, matak kasebeleun rayat. Untung eta beja teh jolna ti
daerah batur, tah duka di lembur urang mah…..?” cek Mang Suadma.
(Kang Emsul)