Partai Teu Ngusung Birokrat Potensial, Terlalu….!

Rarasaan asa kamari ieu pilihan teh, ayeuna (taun ieu) rek pililhan deui
bopati kalawan serempak di sakuliah lemah cai. Teuing enya, duka bener,
danget-danget ieu para kandidat keur tihothat pikeun marebutkeun rekom ti
masing-masing pupuhu partai nu aya di puseur dayeuh. Pon kitu diinteren
partaina sorangan keur meumeujeuhna harengheng, da masing
sagerbong ge parahi hayang meunang rekomendasi ti tonggoh pikeun
sarat makalangan.
“Katenjona mah sasama beus kota oge jiga nu akur, padahal diantara
maranehanana keur silih seging sangkan rekomendasi ti pingpinan partai
pusat ragrag ka manehna. Jah… pulitik, kaula mah teu ngarti sapisarateun
komo keur nu bodo model Mamang mah. Ngabandunganana oge menit,
malah saditueun ti menit, mending kerek di pos ronda sakalian koprek
(ronda malam) bari ngahudangkeun saur,” cek Mang Suadma.
“Mamang mah aya-aya bae, ongkoh sare tapi bari koprek, bade sare mah
sare bae atuh Mang, teu kedah sare bari koprek. Kukumahaan eta teh,”
cek Si Otong.
“Da heueuh atuh, rek mikiran pulitik mah matak jangar, nya Tong!” jawab
Mang Suadma.
“Kunaon Mamang ngemutan pulitik sagala, anggota dewan sanes, pulitisi
sanes, pon kitu pengamat oge sanes? Namung sapertos nu serius upami
nyabit-nyabit Pilkada teh?” tanya Si Otong.
“Andika mah teu kaop aing rada cerdas, embung bae kaluhuran saised ge,
buktina andika sok ngece tur nganggap sapele ka kaula teh. Masing kaula
tukang buburuh koprek ge kudu apal kana urusan pulitik mah, sangkan
rada melek saeutik. Apanan di daerah urang ge rek aya Pamilukada Bopati
lain?” tanya Mang Suadma.
“Atuh kantenan, pasareng kabupaten/kota sanes anu kaparengkeun
Pamilukadana serentak tea. Atuh kedah tatan-tatan urang nu janten
rahayatna pikeun nyukseskeun eta pesta demokrasi teh,” jawab Si Otong
“Bener pisan maneh Tong. Kumaha perkembangan pulitik di lembur urang
ayeuna?” Mang Suadma malik nanya.
“Atuh ti kalangan partai anu bade makalangan ayeuna nuju persiapan
ngayakeun rapa-rapat tur milampah silaturahmi pulitik ka tiap konsituen
sangkan kanilai ku pingpinan partai nu aya di pusat kalawan diharepkeun
turun rekomna pikeun nyalon kapala daerah engke,” omong Si Otong,
“Ke,ke, ke, geuningan asa tibalik kadengena teh. Baruk calon bopati keur
tihothat ngadeukeutan pingpinan partai nu aya di pusat sangkan meunang
rekom? Disagedengeun ti eta, tidak kalah penting, partai kudu waspada
tingal pikeun pendekatan ka calon bopati/wakil bopati, hususna ti kalangan
birokrat (pejabat) anu mibanda kapasitas tur bisa ngadongkrak suara demi
kemenangan Pilkada. Di lembur urang ge aya salahsaurang pejabat tinggi
anu kawilang mumpuni tur geus teruji kabisana, piraku andika teu apal?
Asa manghajakalkeun lamun di lembur urang aya pejabat anu mibanda
kapasitas, kreatifitas, pisioner tur propesional tapi teu dimanfaatkeun ku
partai pulitik pikeun diusung atawa didukung pikeun jadi calon bopati/wakil
bopati. Saupamana partai politik teu ngusung atawa ngadukung ka eta
pejabat anu kawilang potensial, proporsi tur propesional, asa ter-la-lu…..!
Atuda rek neangan nu model kumaha deui?” tanya Mang Suadma. (Kang
Emsul)