Sabiwirhiji

Nilai Goreng Gugur, Nilai Gede Tersungkur

Tetela hayang jadi panitia pemilihan teh teu sagawayah, teu kaop jalma
nu atah-atah, komo bari jeung teu boga pamuntangan mah, bisa
ngulumpuruk samemeh ngalengkah. Heueuh atuda ngalengkah mah
kudu kumaha, dalah geus lobi kaditu kadieu oge da lain pakarepan
jalma saurang. Tapi ku pabaliutna nu baroga kapentingan dina eta
pagawean, naha teu matak menit? Lain menit-menit deui, tapi saditueun
ti menit nya Ka?
“Aya naon nya Tong, isuk keneh geus madungdengkeun pasualan anu
teu kaharti ku Mamang? tanya Mang Suadma.
“Numawi Mang, asa sesah ngayonana. Raraosan pasaratan damel mah
kedah kumaha, namun sakalieun aya kahoyong asa mararentok. Tapi
ningali nu sanes mah sapertos anu pating guluyur ibarat mobil lumpat di
jalan tol,” walon Si Otong.
“Maksud andika teh kumaha, kaula mah teu ngarti. Malum kaula mah
teu bodo-bodo acan, sakumaha anu dicaritakeun ku andika, bating ku
Mamang teu kaotakan sapisarateun,” jawab Mang Suadma, polos.
“Maksad teh kieu Mang, abdi kantos ngiringan seleksi kanggo janten
panitia pemilihan. Cek rarasosan badi teh najan teu kasebut jenius ge,
atuh katiasa sareng pangalaman mah teu kakantun teuing kunu sanes.
Tapi lebah ngiringan seleksi mah, gagal total Mang. Namung abdi ge teu
habis pikir, raraosan aya nu sahandapeun abdi tapi sapertosna teh
ngaguluyur dugi ka gulna. Tah eta anu janten emutan abdi teh Mang!”
cek Si Otong, ngabeberkeun pasualanana ka Mang Suadma.
“Oh eta… anu jadi pikiran anjeun teh? Najan Mamang lain ahli politik,
kudu ngompol dina liang leutik mah biasa Mamang ge,” jawab Mang
Suadma.
“Sanes eta anu dimaksad ku abdi mah, Mang. Urusan seleksi hoyong
janten panitia pemilihan tea. Sanes pulutak-politik, Mang ngompol dina
liang leutik,” jawab Si Otong, semu keuheul lantaran teu ditanggapi
serius tea.
“Ari kitu carana mah kaula ge ngarti, samemeh andika kedal ka
Mamang, jenuk beja yen anyar-anyar ieu keur ngaruruskeun sual
pemelihan. Eta rek milih RT, milih RW jeung saterusna, kaula ngarti
kana pamaksudan andika,” jawab Mang Suadma.
“Atuh nuhun pisah ari ngartos mah, Mang!” jawab Si Otong.
“Lain ngartos-ngantos deui keur Mamang mah. Ngan andika anu teu
nga-artos meureun nya Tong? Baruk kudu nilaina hade, tapi nilai hade
teu jadi jadi jaminan bakal lolos tina seleksi lanjutan. Lamun rek dipikiran
matak menit, malah saditueun ti menit. Nilai ujian gede can karuhan
kapake, teu lolos ujian komo disebut belegug, tapi anu nilaina
sahandapeun bisa lolos, nya rek neangan nu kumaha? Lebah nilaina

goreng gugur, anu nilaina gede tersungkur, nya rek neangan nu model
kumaha atuh? Lamun kitu carana mendah aya seleksi, mending juksung
(nunjuk langsung) kanu boga sihung. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button