Sabiwirhiji

Niatna Salah Gawena Oge Pasti Nyalahan

Jigana kangaranan manusa parahi hayang kataekan ku haliah dunya, saperti
kalungguhan (jabatan) atawa miboga harta banda saayah-ayah. Atuda ngarana ge
manusa, salagi tacan nyanghulu ngaler mah tacan disebut sampurna. Salagi
kumelendang keneh di alam dunya, pasti hararejo keneh kana haliah dunya mah.
Entong boroning anu belekesenteng keneh tur jeneng nyangking kalungguhan.
Dalah nyawa geus dina tikoro oge, aya keneh anu tacan ihlas. Hartina, eta teh
bogoh keneh kana urusan dunya. Nauzubillahimindzalik….!
“Atuda ari urusan dunya mah moal aya tungtungna, nya Tong? Geus boga
sadeupa hayang dua deupa, geus boga mobil hiji hayang leuwih ti hiji, jeung
saterusna. Jigana salagi jalma ambekan keneh mah moal aya seubeuhna, kana
urusan pangaboga!” cek Mang Suadma.
“Atuda namina ge haliah dunya, teu sepuh, teu anom, sami bae. Malihan tambah
sepuh kalah ka tambah sarakah, sanes ge tobat ka Pangeran. Peupeuriheun harita
nuju jagjag keneh teu sagala kabujeng, nya Mang?” omong Si Otong.
“Nya heueuh atuh, andika ulah ukur pinter ngahuntu, tapi buktikeun dina
kahirupan sapopoe. Komo anjeun mah leutik-leutik ge boga eselon, masing eselon
nu panghandapna oge. Apanan isuk jaganing geto kaparengkeun jadi pejabat
atawa eselon luhur, kahade ulah abong kena keur jeneng tur dipercaya, tepi ka
poho kana bebener luyu jeung aturan nagara katut agama,” cek Mang Suadma.
“Leres pisan Mang, ngan abdi sok kabita upami rerencangan pating terekel
unggah kalungguhan (jabatan), lebah abdi batur saiyangan (saangkatan), teu ised-
ised. Duka kumaha eta ari kitu teh, komo upami ningali nu sahandapeun tos
unggah eslon hanas abdi cindeten bae di eselon rendah, asa kahieuman
bangkong, cek paripaosna,” tembal Si Otong, curhat ka Mang Suadma.
“Wayahna sing shobar, Tong. Ngan kahade bae Mamang rek wasiat ka anjeun,
lamun hayang nyaking kalungguhan atawa boga cita-cita hayang loba harta, niat
awalna kudu hade. Atuh hade cek agama pon kitu hade cek darigama (hade
dumasar kana aturan pamarentah),” cek Mang Suadma.
“Oh… kitu nya Mang?” tanya Si Otong.
“Atuh nya heueuh! Sabab lamun urang ngudag-ngudag kahayang niatna geus
salah, pasti dina gawena oge bakal nyalahan. Yeuh Tong, cacakan anu mimitina
niatna hade oge teu sakara-kara sok keulat panyakit rohani anu bakal ngarugikeun
diri sorangan pon kitu balarea. Saking ku hayang-hayangna ngahontal kasenangan
dunya antukna sagala cara dihalalkeun, lamun eta jalma geus kaeuntreupan niat
goreng. Numatak niat hade anu tujuanana nyangking kalungguhan teh miharep

karidhoan Alloh, eta niat hade kudu dijaga salawasna. Anu awalna niat hade oge
kalan-kalan bisa kausap memedi (jurig) anu ahirna mengpar tina udagan tiheula
(niat bener). Mana komo anu hayang boga kalungguhan niat awalna geus salah,
pikeun memperkaya diri upamana, dipastikeun dina lalampahanana oge loba
salahna tibatan benerna. Bisa cilaka dua welas, cek kolot tea mah. Malah bisa
saditueun ti cilaka dua welas,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Related Articles

Back to top button