Ragam

Kudu Pinter Maca Situasi Jeung Kondisi

Kolot baheula mah lamun nyarita rea nu ngandung siloka (gambaran)
anu kudu dilenyepan. Upamana bae; kudu asak-asak nya ngejo, bisi
tutung tambagaba, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung ahirna.
Hartina, lamun urang teu cerdas enggoning nangtukeun pilihan atawa
pamadegan, bisa bae isuk jaganing geto matak kaduhung ahirna. Aya
deui babasan, hanjakal mah tara tiheula, dimana-mana oge ari
keduhung mah saenggeusna ku urang dipilampah. Kitu kira-kira cek
kolot urang baheula da ku barudak ayeuna mah eta babasan teh kurang
dipiwanoh.
“Eta kalimah teh pasekeun da ku barudak alam kiwari mah moal
kaharti, padahal eta teh ngandung harti anu kawilang jero. Cindekna,
lamun hirup urang teu ati-ati matak cilaka tur kaduhung ahirna. Ngarti
anjeun?” tanya Mang Suadma.
“Ngartos Mang, numawi abdi mah teu weleh diregepkeun saniskara anu
diwasiatkeun ku sepuh teh. Margi ari sepuh urang parantos legok tapak,
genteng kadek tur le jembar ku pangalaman. Apanan aya dina paribasa
Indonesia oge; Lama hidup banyak dirasakan, lama berjalan banyak
dilihat untuk jadi pengalaman,” kitu manawi Mang, teu benten tebih,”
walon Si Otong.
“Tah geuningan, anjeun kawilang cerdas enggoning nerjemahkeun
saniskara kahirupan. Sabab lamun jalma teu boga pamadegan atawa
ugeran hirup, tangtu isuk jaganing geto bakal karasa balukarna,” cek
Mang Suadma.
“Leres pisan Mang, komo ayeuna kalebet taun pulitik, anu sakedep deui
bakal aya pilihan pamingpin di lembur urang. Upami urang hirup
sagawayah tangtos aya pimatakeunana. Supados urang teu kabelejog
(terjebak) ku situasi anu kiwari nuju bergulir, maka kedah atos-atos dina
nangtoskeun pilihan calon pamingpin ka payun,” jawab Si Otong.
“Andika mah ulah kapalang jadi jalma bener enggoning nangtoskeun
pilihan kudu make akal sehat, poma ulah dumasar kana kepentingan
sesaat bari jeung ada udang dibalik batu. Sagala rupa ge lamun ukur
ngalajur hawa napsu demi kapantingan beuteung, kadituna hirup moal
barokah, mungkin buahna jadi musibah da berpikirna ukur melaan
beuteung. Satiap anu kaluar tina jero beuteung pasti kotoran. Pon kitu
lamun hirup ukur numpuk-numpuk harta ahirna bakal jadi rebutan, tapi
anu udagan hirupna demi kamaslahatan jeung kamajuan balarea, eta
anu bakal panen kahadean kalawan langgeng. Lain ukur ayeuna, bisa
jadi fi dunya wal achiroh,” cek Mang Suadma, panjang lebar.
“Aduh… matak palalaur geuningan upami hirup ukur ngalajur napsu,
ngumbar amarah teh nya Mang?” Si Otong malik nanya.

“Numatak kolot urang baheula sok mepelingan ka anak incuna, jadi
jalma teh kudu pinter maca jeung ngitung sangkan ulah kabobodo batur
atawa teu kacolongan. Baruk cek andika ayeuna keur mapag pilihan, tah
lebah dieu lain ukur ngagunakeun matematika pulutik, tapi urang kudu
bisa maca rekam jejak hiji pigur calon anu loba hadena, tibatan anu loba
salahna. Da ari neangan anu bener 100 persen mah moal aya. Tapi
geura impleng saha anu tekad, ucap lampah jeung paripolahna leuwih
cueut kana jalan kahadean, eta pisan anu kudu jadi pilihan balarea.
Piraku di lembur urang taya panutan nu model kitu? Eta mah rek ti
kalangan pejabat, kaom birokrat atawa anu keur jeneng ayeuna tur
mibanda pangalaman dina urusan pamarentahan. Bener cek kolot urang
baheula, kudu asak-asak nya ngejo, bisi tutung tambagana, kudu asak-
asak nya nenjo bisi kaduhung ahirna. Numatak urang kudu pinter maca
situasi/kondisi alam anu keur usum kiwari sangkan teu kaduhung
ahirna,” cek Mang Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button