Keukeuh Kudu Bubar, Keukeuh Embung Bubar

Polemik pausahaan daerah beuki dieu tambah harengheng (memanas), komo saprak wakil rayat menta dibubarkeun mah. Malahan lain eta bae anu anu nyebutkeun kudu dibubarkeun teh, dalah pangangung nu aya di lembur oge geus ngawanti-wanti, lamun teu bisa mere keur Pengasilan Asli Daerah (PAD) hartina eta teh lampu koneng sarua jeung anu keluarkeun ku wakil rayat. Kudu dibubarkeun…!
“Lamun Mamang anu ngokolakeun eta pausahaan daerah, da ceuli teh meureunan asa gagangan. Uyuhan Ka mah,” cek Mang Suadma, ujug-ujug nyarita masalah eta pausahaan daerah.
“Mamang terang ti saha, eta pausahaan daerah kedah dibubarkeun teh? Ulah gagabah ari nyarios teh, tiasa bae eta isu anu katampi ku Mamang teu lepat alias bener. Sok komo upami eta warta parantos sumebar di masarakat. Manawi urang mah kantun masrahkeun bae ka nu berwenang, mangga kumaha saena,” tembal Si Otong.
“Heueuh nya Tong, teuing enya duka bener, ngadenge eta pausahaan lain ge untung, kalah ka buntung. Cenah jeung baruk, keur ngagajih para karyawanana oge kedodoran, mana komo masihan kontribusi ka daerah, pimanaeun,” walon Si Otong.
“Lamun kitu carana, kudu dikumahakeun atuh? Malahan ngadegna eta pausahaan lain sataun dua taun, apanan geus puluhan taun. Piraku kudu dihuapan keneh bae, apanan budak ge aya ngorondangna, lelengkah halu, leumpang nyalisir dingding jeung saterusna bisa lumpat. Ari ieu, piraku hudang ge teu bisa, batur ge anu euweuh pakeunana (sarana) nu aya bisa digolangkeun ahirna bisa ngahasilkeun. Ari ieu anu sagalana geus nyampak tur kari neruskeun jiga nu nundutan rek ngorejatna hese pisan. Asa teu harti, Ka mah…!” omong Mang Suadma panjang lebar.
“Tah eta pisan Mang, anu tiasana timbulna desakan tiditu tideui, eta pausahaan daerah anu teu ngahasilkeun kedah dibubarkeun teh. Tapi nya kitu Mang, sok sanaos para pihak santer ngagugujeg kedah dibubarkeun, namung aya alesan (argumen) anu tetep dipertahankeun,” walon Si Otong.
“Argumen naon deui anu dipake dasar ku eta pausahaan tepi ka keukeuh peuteukeuh embung bubar teh nya Tong?” Mang Suadma malik nanya.
“Saurna ngabubarkeun eta pausahaan daerah teh kedah aya dasar hukumna, naon alesanana, naha pihak pemilik sanggup mere pesangon ka para karyawan anu sakitu lobana jeung saterusna,” cek Si Otong.
“Apanan cek nu nitah bubar oge geus jelas buktina dumeh sababaraha taun teu ngahasilkeun. Lamun kitu carana, aya nu keukeuh kudu bubar jeung aya nu keukeuh embung bubar, nya rek iraha menyatna eta pausahaan. Sabab sapopoena lain ngurus pagawean kumaha cara sangkan maju, berkembang tur ngahasilkeun. Tapi unggal poe antara nu nitah bubar jeung anu dititah bubar hayuh bae padungdengan, kajahat-jahat energi nguruskeun bae polemik kudu bubar jeung embung bubar. Masing tepi ka kadal buluan oge moal aya anggeusna ari sarua ragotna mah. Sabab dua pihakanana sarua mempertahankeun argumen masing-masing. Lamun ti taun ka taun ukur dipake padungdengan, parahi mempertahankeun argumen sewang-sewangan moal aya tungtungna. Anu puguh mah eta pausahaan tambah tibebes, erek………?” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)