Sabiwirhiji

Kagila-gila Teu Kuat Ngaletak Busiat

Kagila-gila Teu Kuat Ngaletak Busiat
Samemeh jadi pejabat eselon III boh eselon dua teu sirikna ti poporose
hayang nyangkin eta kalungguhan. Atuh keur nu boga tanaga (modal)
mah ngarasa PD, komo bari jeung aya tuturusna mah moal matak hese,
sabab aya nu dipake anggeuhan tea. Eta mah upamana ngarana oge, lain
harti nu sabenerna, ayana ge di daerah batur da di lembur urang mah
moal pati euweuh jigana. Ah… duka teuing. Kumaha sanggeus ngahontal
kalungguhan jadi eselon III atawa Kapala Bidang, upamana?
“Jamak we atuh saupamina leres aya anu model kitu teh Mang, malum ari
tos nyangking kalungguhan mah seueur hanca padamelan anu teu acan
rengse, sibuk ku urusan itu, riweuh ku masalah ieu, langkung ti kitu tangtos
keder oge kunu jul-jol darongkap dalih silaturahmi tea sareng sajabina.
Kitu manawi Mang, urang teh kedah ngamalum,” cek Si Otong.
“Dasar andika mah sasama pelat merah, ngabelaan pisan kanu model kitu
teh. Apanan kaula kungsi ngebel jeung nga-SMS/WA ka eta jalma tapi teu
embut teu renghap. Kaula mah lain hayang dihormatan. Naon hesena mun
aya nu nga-WA dijawab ku WA deui, kilangbara ngangkat telepon mah.
Atuda ieu mah ngajawab ku WA bating, komo ngangkat telepon mah, jiga
nu haram. Ulah pedah keur dipercaya jadi pabeasan ku pingpinan. Aneh
Ka mah?” omong Mang Suadma, ngarasa aneh saumur nyunyuhun hula,
atawa hari ginih, aya keneh nu model kitu.
“Atos Mang…. atos Mang…! upami leres aya nu kitu teu kedah dibahas
komo upami kapapanjangan mah. Kirang sae,” Si Otong semu mepelingan
ka jalma kolot.
“Kaula ge ngarti kana omongan andika, tapi naon hesena ngajawab ku
WA, teuing sakecap atawa sauket teh, ari embung ngajawab ku omongan
mah. Kaula mah sok mangpaurkeun, kumaha teuing lamun eta jalma jadi
kapala dinas atawa kapala badan, meureunan rea jalma anu kuciwa ku
paripolahna. Naha pedah WA/SMS-na lain SMS daging sugan? Atuda rek
SMS tulang atawa SMS daging naon haresena ngajawab najan ukur
sakecap,” omong Mang Suadma.
“Bilih atuh Mang saupami saatosna janten eselon dua mah tiasa
ngawaler, manawi eta ge?” tembal Si Otong.
“Ngajawab-ngajawab 70, komo engke nu ngahalowna leuwih rabul, sabab
rea jalma nu berkepentingan. Aya dina babasan, ada gula ada semut. Cik
atuh ari hirup teh ulah kagila-gila teuing, WA teu dibales, telepon teu
diangkat, padahal tacan jadi pejabat tinggi, jiga nu teu walakaya pisan. Cek
kolot tea mah, ulah kagila-gila teuing hirup teh geus teu kuat ngaletak
busiat-busiat acan, cek paribasana. Pedah wae ayeuna jenuk nu nga-WA

jeung nelepon soteh keur nyekel posisi anu strategis, da lamun geus teu
jadi nanaon mah, cadu teuing lamun pada nelepon atawa nga-WA kanu
model kitu teh, atuda rek naha! Kabau-bau sungut…!” cek Mang Suadma.
(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button