Dunungan Rek Manggung Kudu Didukung

Dunungan Rek Manggung Kudu Didukung
Moal lila deui pelaksanaan pilihan bakal dipilampah ku sakumna warga
nu aya di lembur urang. Atuh anu rek makalangan, kiwari keur tatan-
tatan pikeun ngaraeh simpati masa, hususna nu boga hak pilih. Nu
matak teu aneh lamun mapag pilihan suasana pulitik di lembur rada
harengheng. Adatna, hartina kahirupan demokrasi di urang kawilang
dinamis sabab lamun tiis jempling lir kadia gaang katincak, sarua jeung
taya kahayang pikeun ngamajukeun daerah sorangan.
“Mimiti rame nya Tong, anu rek makalangan marunculan. Aya ti
kalangan birokrat (pejabat) aya oge ti kalangan sejen,” cek Mang
Suadma.
“Rame perkawis naon nya Mang? Makalangan bade nyalon kitu?” Si
Otong malik nanya, pura-pura teu apal.
“Andika teh ulah sok ngabobodo maneh, komo anjeun mah pagawe
tangtu leuwih ti nyaho kalawan ngarti tibatan Mamang,” jawab Mang
Suadma, nyelok Si Otong.
“Leres Mang, maol lami deui di daerah urang bade aya pilihan calon
pamingpin anu siap pikeun ngamamurkeun rahayat,” tembal Si Otong.
“Alus atuh Tong, eta anu dipiharep ku Mamang. Da ari rayat mah
kahayangna teu muluk-muluk. Nu penting imah pageuh, sandang
(pakean) weuteuh, atuh beuteung seubeuh, pamajikan oge reuneuh pon
kitu urang ge baseuh, cek kasarna,” omong Mang Suadma.
“Ngan nya kitu Mang, abdi mah pagawe moal tiasa ngabagongan margi
kauger ku aturan tea. Saupamina pagawe ancrub kana urusan politik
tangtos bakal dikeunakeun sangsi. Malihan aya serat edaran yen
pagawe mah kedah netral,” jawab Si Otong.
“Kaula ge ngarti, memang pagawe mah kudu netral. Tapi ari hak pilih
mah boga lain?” Mang Suadma malik nanya.
“Kantenan, teu kenging soteh ngiring kacah-kicih dina urusan pulitik.
Upami ngagunakeun hak pilih mah kedah, tibatan golput, goreng patut,”
tembal Si Otong.
“Nya heueuh atuh, ngan kahade ulah asal pilih, tapi kudu asak-asak nya
ngejo, bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung
ahirna, cek paribasana,” jawab Mang Suadma.
“Nya moal atuh Mang, abdi ge gaduh pamadegan dumasar kana pilihan
ati sanubari nu paling jero,” omong Si Otong.
“Hade pisan andika geus boga pamadegan anu jinek, tapi rek milih
saha?” tanya Mang Suadma.
“Punten eta mah rahasiah, Mang. Aya kasebatna langsung umum bebas
jeung rahasiah,” tembal Si Otong.
“Pikeun Mamang mah lain ukur langsung umum bebas jeung rahasiah.
Tapi lain rahasiah deui anu rek dipilih ku arurang geus dipiwanoh ku
balarea. Komo andika mah sasama birokrat, tangtu bakal milih
dunungan sorangan. Ulah sok edeg barina ge ari jeung sasama beus
kota mah. Lamun dunungan erek manggung ku urang kudu didukung.
Kaula ge lain birokrat siap ngadukung ka dunungan anjeun anu rek
makalangan. Ulah ngahewaan, nya pedah naha? Lamun enya tea aya
pagawe nu mancla-mencle, ter-la-lu…..!” (Kang Emsul/KC)