Sabiwirhiji

Jadi Pejabat Rek Ngabakti Atawa Ngabati?

KOLOT urang baheula lamun mepende budakna, boh dina geongan atawa dina aisan sok dibarengan ku kakawihan. Kawih anu digalindengkeun ku kolot urang harita sok ngahariring sangkan budak bisa sare tibra.

Hariring kolot urang baheula, kurang leuwih basana teh kieu; nelengnengkung-nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola ka Bandung keur makayakeun indung…..! Eta lirik ayeuna mah bisa robah; lain keur makayakeun indung, tapi keur nyenangkeun pamajikan pikeun sukan-sukan ulin oge kaluar nagreg.

“Kolot baheula mah mapatahan ka budakna matak nyeredet kana hate tur sumerebah kana bayah. Sakumaha wasiat kolot ka budakna, kahade ujang, nyai, anaking, adi-ing lamun isuk jaganing geto ujang/nyai jadi pangagung (pejabat) kudu ngaji ngabakti ka ieu nagri, kumawula ka nagara, ngebela nusa jeung bangsa!” cek Mang Suadma, niron-niron ucapan kolot baheula.

“Aduh… Mang, eta papatah kacida nyerepna tur lenyepaneun kanggo urang sadaya. Ayeuna mah asa arang langka anu wasiat sapertos kitu teh,” omong Si Otong.

“Heueuh…., atuda ayeuna mah jaman materialistis, anu disebut jalma sukses teh anu luhur kuta gede dunya, loba duit, buncir leuit, bro dijuru bro dipanto bari jeung ngalayah di tengah imah babah, cek kasarna,” jawab Mang Suadma.

“Muhun Mang, harepan jalmi alam kiwari sapertos kitu, benten sareng para sepuh urang kapungkur,” walon Si Otong.

“Cek uing ge ayeuna mah jaman piduit alias materialistis, sagalana diukur ku duit jeung diduitkeun. Jauh tanah kalangit jeung pamadegan jalma baheula lamun mepelingan ka anak atawa incuna teh estuning matak nancleb kana ati sanubari,” cek Mang Suadma.

“Muhun nya Mang, namung ayeuna mah pepeling teh henteu sapertos kitu. Kalan-kalan nu jadi pingpinan tertinggi ge nyontoan nu teu wejes. Upama bae ngawanohkeun produk pakean dibarengan ku peragaan bari lunggak-lenggok dipiluan ku para pagawe jeung istrina. Malah tempatna ge di gedong berbintang, ari dina pidato mah teu aya anggaran tea, nuju depisit tea, geseh bayar tea jeung sajabina,” tembal Si Otong.

“Naha urang teh teu inget kana papatah kolot, hususna pikeun pejabat kudu kumawula ka nagara, ngabela nusa jeung bangsa. Naha geuningan kiwari mah asa kararieu? Anu digedekeunana teh pencitraan sangkan kasep sorangan? Naha gagayaan saperti kitu teh keur nutupan kagagalan,” tempas Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, asa menit abdi mah upami emut kadinya teh,” walon Si Otong, teu kebat nyarita.

“Tah geuning karasa ku andika ge. Lamun urang hayang salamet tur lungsur-langsar sajeroning ngalaksanakan tugas ti tonggoh, poma kudu inget kana purwadaksina. Purwa mimitan, daksina wekasan, hartina kudu inget awal kalawan ahir, cek Ki Dalang tea mah.

Urang dipercaya jadi pejabat teh saestuna pikeun ngabakti ka nagri kumawula ka nagara demi bumela ka rahayat sakumna. Teu aneh lamun aya nu tumanya, naha jadi pejabat teh rek ngabakti atawa ngabati?” tanya Mang Suadma.(Kang Sul)

Related Articles

Back to top button