Sabiwirhiji

Wakil Rayat Kudu Jadi Conto Sakumna Rahayat

 

 

 

KACATURKEUN di daerah batur, sawatara anggota legislatip kabarus tina urusan dana aspirasi tepi ka kudu urusan jeung aparat penegak hukum.

Asa lain sakali dua kali wakil rayat diporostel kunu wajib alatan diduga mengpar tina aturan enggoning ngagolangkeun dana aspirasi teh. Eta beja duka bener, teuing enya, ari geus sumebar dina media masa, rek loba alesan jeung loba uget oge, anu puguh mah ngaranna geus codeka dimata masarakat.

“Enya kitu eta beja teh nya Tong? Kabejakeun aya wakil rayat dipariksa ku aparat penegak hukum?” tanya Mang Suadma.

“Piraku bohong, Mang, tangtos leres, piraku dipariksa teu pupuguh upami taya sabab musababna,” walon Si Otong.

“Pedah naha cenah, ngerakeun teuing. Ari ngomong pagede-gede sungut demi ngabela rahayat, geuningan ahirna diperostel (dicehcer pertanyaan) ku pihak berwajib lantaran kabejakeun lumat-lamot kana duit rayat, cenah eta ge,” omong Mang Suadma.

“Manawi parantos numbuk dina apesna, Mang. Boa-boa lamun ditalungtik mah langkung jero sanes ukur sual dana aspirasi bae.  Toiasa oge  anggaran sejenna (boa-boa) aya nu diutak-atik demi neangan kauntungan pribadi. Nista nya Mang, upami  enya tea mah aya wakil urang anu linggih di gedong dewan dipariksa sababaraha jam tina akibat mengpar tina ngagolangkeun anggaran anu sanes kanggota peruntukanana,” ceuk Si Otong.

“Lain nista-nista deui. Duka lamun nu jauh ka bedug mah. Lebah wakil rayat nu dipihormat, katurug-turug dituduh ngakalan anggaran, apanan leuwih ti nista deui. Nya lara nya wiring alias wiwirang di kolong catang, nya gede panjang,” tembal Mang Suadma.

“Naon pihartieunana nya Mang eta kalimah teh?” tanya Si Otong.

“Atuh wiwirang gede pisan, hanas nuduh ka ekskutip baruk teh koruptor (purah koropsi), manipulasi jeung sajabana. Lebah rea kajadian anggota dewan dipariksa ku aparat penegak hukum eta mah atuh saditueun ti wirang,” ceuk Mang Suadma.

“Saurna gajih dewan teh muncekil, kunaon masih keneh keukeuleuweuh bae ku duit anu lain hakna,” omong Si Otong.

“Nya kitu tea, masing gajihna digedean ge angger we jiga nu halabhab (haus) kana urusan fulus mah. Baruk rek merjoangkeun aspirasi rayat, ari anu diperjoangkeunana angger miskin tur malarat, lebah nu merjoangkeunana lubak-libuk teu kalebok.

Wakil rayat model kitu ulah rek diparilih deui, keun sina ngalanggur deui, sugan we atuh ambeh kareseleun.

Ari wakil rayat teh rengkak paripolahna (idealna) kudu jadi picontoeun sakumna rahayat. Sabab kangaranan wakil rayat disebutna oge yang mulia, tapi dina seuhseuhanana aya keneh nu mengpar tina kenyataanana.

Nu matak wakil rayat kudu jadi conto,  keur sakumna rahayat. Lain tibalik, matak kasebeleun rayat. Untung eta beja teh jolna ti daerah batur, tah duka di lembur urang mah…?” ceuk Mang Suadma. (Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button