Cenah Jeung Baruk Gajih Direktur 100 Yuta

HAYANG boga gajih gede pikeun pagawe mah kudu ngaliwatan proses anu kawilang panjang. Da bisa kaukur atuh, gawe ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk gedenagajih geus kaukur. Najan gajih bulanan sa-anu ditambah tunjangan,tangtu geus kareken. Kitu soteh lamun lancar katarima unggal bulan (tunjanganana), lebah genep bulan can kabayar, apanan keur nutupan kabutuh sapopoe kudu jubrag-jabrug, nginjeum kaditu, amprah kadieu. Dhoh…sugan mah.
“Naha andika teu milu daptar jadi calon direktur, nya Tong? Sugan teu kabita ku pangasilan anu sakitu saditueun ti muncekilna?” tanya Mang Suadma.
“Ngiringan daptar naon nya Mang, apanan sakaemut abdi parantos rengse. Malihan parantos dilalantik deui sareng pejabat sanesna. Berarti Mamang ngawartosan abdi kedah daptar janten calon dirtektur sami sareng kaborosan,” tembal Si Otong.
“Kaula mah lain anjeun kudu daptar calon direktur ayeuna, da puguh geus kaliwat. Atuh waktu harita keur meumeujeuhna usum pendaptaran lain ngawanikeun maneh milu daptar kawas batur. Sugan we aya jurig tumpak kuda,” omong Mang Suadma.
“Hapunten Mang, abdi mah sanes keok memeh dipacok atanapi alim ngiringan bursa direktur. Margi abdi mah rumaos waktos aya pendaptaran henteu gaduh sarat-sarat husus kanggo ngiringan janten calon direktur. Saratna benten sareng nyalonkeun katua RT anatapi katua RW. Eta mah cekap ijasah biasa bae ge tiasa, kitu manawi Mang,” tembal Si Otong.
“Heueuh nya Tong kana kitu namah mah, tapi lamun andika maksakeun oge mangsawurung bisa, nu penting boga pasaratan luyu jeung katangtuan anu jinek. Naon hesena kudu nyumponan pasaratan anu dikudukeun, andika mah kawas lain intelek tual bae,” tembal Mang Suadma.
“Mangga eta mah kanggo nu sanes bae, anu garaduh pasaratan luyu sareng katangtosan anu laku. Abdi mah alim ngisinkeun bilih isuk jaganing geto sajeroning perjalanan aya permasalahan di perusahaan bade kumaha ngungkulanana saupami henteu didukung ku kapinteran, kaparigelan teknis sareng pangalaman sajeroning ngokololakeun perusahaan tea. Kitu manawi Mang,” jawab Si Otong panjang lebar.
“Nya…eta kumaha ceuk andika bae, kaula mah moal kapati-pati nyaram, moal kapati-pati nitah eukeur mah prosesna geus kaliwat, sarua jeung ngimpi,” tembal Mang Suadma.
“Kunaon kitu, Mamang teh sapertosanu keukeuh-keukeuh teuing abdi kudu nyalon direktur?” Si Otong malik nanyak bangun panasaran.
“Ieu mah teuing enya, duka bener, gajih direktur gedena kurang leuwih Rp 100 yuta sabulanna. Paingan jenuk nu harot-hot bari kekerot saking ku kabongbroyna hayang boga gaji anu sakitu badagna. Ngan nya kitu, bener ceuk andika, kudu boga pasaratan husus. Jah… ngaranna oge katangtuan meunang jalma, naon hesena lamun andika nekad ngusahakeun pasti bisa. Atuda saha jalmana anu teu kabongbroy ku beubeunangan anu sakitu ngunggulna, saratus yuta perak per bulan tea lain sulap. Numatak rea nu tipoporose pikeun nyangking eta kalungguhan lantaran geus katoong gerewelna,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)