Sabiwirhiji

Ngabandungan Lalakon Mutasi Matak Menit Kanu Lalajo

 

 

MANG Suadma keur ngora mah mindeng nongton wayang golek, komo lamun nu mintonekeunana dalang kahot anu teu weleh panceg tur ajeg kana pakem atawa tetekon padalangan. Geus… wae, ti mimiti tatalu samemeh gendang nangkub (lalakon wayang anggeus), Mang Suadma tara incah di Balandongan.

“Mamang sapertos serius pisan upami nyarioskeun lalakon pawayangan teh sapertos Ki Dalang bae,” ceuk Si Otong.

“Atuh puguh, kaula mah tetep konsisten enggoning micinta seni budaya daerah, ulah tepi ka luntur ku waktu, laas ku jaman. Komo lamun urusan  lalajo wayang golek, harita mah kamana bae oge dijugjug. Nu matak kaula mah apal lamun dina eta lalakon/carita wayang aya nu mengpar tina tetekon padalangan,” ceuk Mang Suadma.

“Oh kitu? Abdi mah nembe terang Mamang dugi ka ngolotok kana bag-bagan pawayangan teh. Diantawisna lalakon naon anu ku Mamang dipikaresep?” Si Otong nanya,  bangun nu panasaran.

“Atuh jenuk Tong, komo lamun dina eta lalakon nyaritakeun Pandawa lawan Kurawa atawa  Amarta lawan Nagara Astina. Pokona seru we, moal aya babandinganana. Masing lalajo tepi ka subuh oge asa teu karasa atuda saking asikna,” tembal Mang Suadma.

“Punten Mang tumaros, dupi aya relepansina carita pawayangan sareng kahirupan manusa nu aya di alam pawenangan? Margi ari seni budaya mah  kedah ngaganbarkeun hiji kahirupan sapopoe anu dipilampah ku papada kaula. Atanapi sipat-sipat manusa nu aya sasaruanana sareng kalakuan dina  eta carita wayang?”  tanya Si Otong, bangun pasanaran.

“Addduuuuh… eta geuning andika nyarita teh jero-jero teuing, nyaho tiendi?” mang Suadma malik nanya.

“Namina ge gambaran hirup, eta tiasa timana bae, Mang. Namung naon bentenna lalakon nu aya di pawayangan sareng nu karandapan ku urang di alam pawenangan?” tanya Si Otong.

“Bisi andika hayang nyaho dongeng dialam pawayangan, upamana bae Si Cepot gawena tukang ngabodor. Ari Gatotgaca tugasna jadi bebenteng Nagara Amartapura, lamun aya maung ngamuk, gajah meta, Gatotgaca bageanana. Najan kitu lamun Si Cepot keur gunemcatur jeung Gatotgaca duanana saling mengisi. Ari Si Cepot mah angger we tukang ngabodor masing keur ngobrol jeung bebenteng Amartapuraoge. Ngan ari Gatotgaca mah hebatna tara milu ngabodor kawas di Cepot, tetap ajeg tur panceg salaku ponggawa enggoning nanjeurkeun bebener, tara undur kalinduan, gedag kaanginan. Lamun gatotgaca dina eta carita milu ngabodor gaya Si Cepot, atawa aya ditempatkeun dina dina posisi elehan ku musuh, pasti nu lalajo protes. Komo lamun ngawayangna di daerah panatik wayang, bisa jadi eta nu ngamaenkeunana bakal dibaledog ku bakiak atawa tarumpah nu lalajo. Sabab lain kitu alur lalakon anu bener mah, tetep dumasar kana tupoksi, ceuk istilah jaman  kiwari mah. Atuh kaitanana jeung kahirupan anu sapopoe ku urang katingali, sebut we mutasi jeung rotasi kalungguhan (jabatan), lamun aya nu mengpar tina jalur nu sabebenerna, nu ngandungan (masarakat) bisa protes, najan protesna teu ngabalodog ku sendal kanu keur ngalalakonkeun. Lamun urang ngabandungan lalakon mutasi matak menit kanu lalajo. Sabab nu lalajo oge sauetik-euteukeun ngarti kana alur birokrasi, teu beda jalma panatik kana carita wayang lamun mengpar tina tetekon padalangan bisa protes,” ceuk Mang Suadma, panjang lebar.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button