Sabiwirhiji

Salah Nempatkeun Personil Matak Menit Kasararea

 

CEUK anu tajam hayang mutasi jeung promosi jabatan, baruk teh asa lieuk beuheung sosonggeteun, ceuk paribasana. Kusabab rek mutasi waktuna tambah ngayayay antukna nambahan harengheng di kalangan pejabat anu geus teu sobar hayang nyangking kalungguhan (jabatan) anu kawilang strategis.

Numatak teu aneh lamun enya tea muncul sababaraha  kelompok anu rek marebutkeun posisi stratehis luyu jeung kahayang masing-masing. Sugan gawe di gogobrogna, ngatur hayang  jabatan itu, jabatan ieu, kumaha pangrasana…!

“Heueuh nya Tong, asa kagila-gila teuing, bawahan teh jiga nu mawa karep sorangan, lir atasan mah asa pangkawasana, sagala rupana ngan rek dipulitisir bae. Sugan rek hirup salilana jadi pangagung atawa hirup di kalangan birokrasi. Apanan aya watesna sagala rupana oge. Ulah sok kagila-gila teuing, kawas nu rek kiamat bae,” omong Mang Suadma.

“Manawi tereh kiamat kitu Mang?” tanya Si Otong, panasaran.

“Ari kiamat mah pasti, tapi duka iraha-irahana mah ngan  tanda-tandana kiamat geus loba. Anu puguh mah ngabadeg jalma  mangpang-meungpeung demi melaan beuteung jeung sajabana. Erek ge ngalobaan amal soleh, kalah ka ngagugulukeun bae napsu haliah dunya, mending mun cara nu dipilampahna halal tur dipikaridho ku Gusti Nu Maha Suci, tangtu kaasup ibadah tur bakal meunang barokah,”  omong Mang Suadma.

“Nya aya jalmi nu mangpang-meungpeung, Mang? Di lembur urang mah asana teh moal aya, namung duka eta ge, bilih aya sasamianana sareng di lembur batur,” jawab Si Otong.

“Kumaha andika teh, ari ngomong jeung kolot ulah sok diulinkeun. Kaula mah keur nyaritakeun rea jalma anu jiga keur mangpang-meungpeung dumeh sagala rupana teu weleh  dipulitisir demi eusi peujit. Najan kiwari mapag taun pulitik teu sakabeh kudu dipulitisir. Komo salaku pejabat atawa pangagung mah kudu bisa ngawilah-wilah, endi urusan pulitis, mana urusan teknis. Matak pabeulit lamun sagala rupana dumasar kana pertimbangan pulitik mah,” ceuk Mang Suadma.

“Buktosna naon Mang, saurna sagala rupina sok dipulitisir bae?” Si Otong, malik nanya.

“Nyaneh mah sok api-api (pura-pura) bodo, tapi belegung. Etah  sakitu nampeu hareupeun ese bolor (mata), upamana bae cara nempatkeun  pejabat anu teu luyu jeung kompetensina, ujug –ujug cle bae diperenahkeun di jabatan anu stratehis!” tembal Mang Suadma.

“Nya aya kitu Mang di lembur urang?” tanya Si Otong.

“Waduk lah, dasar andika mah anak buah bandar, sok asa bener dewek.  Upamana bae, dina mutasi atawa promosi, sajeroning nempatkeun hiji pejabat lain ukur bener cek sorangan. Tapi kudu nyumponan kana opat parkara anu disebut bener tea. Atuh  bener ceuk sorangan, bener ceuk umum, bener ceuk agama jeung bener ceuk nagara. Najan ngarasa bener ceuk sorangan, tapi  ceuk umum, ceuk agama katut nagara teu bener  ulah dipaksakeun. Sugan ari nempatkeun personil lain dina pak-na atawa teu luyu jeung kopetensina, apanan matak menit ka sarerea da asa teu nyararambung tea.  Komo dampak kanu nempatkeunana bisa saditueun ti menit alias tamiang meulit ka tuur, lain kana bitis deui. Piraku saendengna ngan rek kitu jeung kitu bae?. Geuraheun…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button