Nu Dilaporkeun Ukur Sarat, Nu Dibunikeun …?

MEH unggal usik satiap pangagung dipenta laporan kakayaan, naha mangrupa barang bergerak atawa tidak bergerak. Kakayaan anu dilaporkeun ku eta pejabat rereana jumlahna cukup pantastis. Arang langka anu nilaina ngaratus juta, umumna ngamiliar ka luhur, bisa jadi saditueun ti miliar.
“Erek ngalaporkeun kakayaan nilaina saratus perak atawa saratus miliar taya pangaruhna. Ari ngalaporkeun saeutik kasebutna piraku cenah, ceuk rayat teh. Ngalaporkeun gede da teu percaya bakal aya nu maluruh ti pihak pamariksa. Eta mah ka para pangagung ulah ngarasa ragu, rek ngalaporkeun kakayaan pangleutikna atawa panggede da moral dinaha-naha ieu, kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma.
“Manawi atuh Mang, saemut abdi asa teu acan aya pangagung diporostel (dipertanyakan) ku pamariksa akibat laporan kakayaanana pantastis atanapi ukur alakadarna,” walon Si Otong.
“Oh…kitu eta teh Tong, ngan kadenge iburna bae. Heueuh ari rahayat mah karasa enggak-enggikna hayang nyatu jeung dage oge. Lebah para pengagung dina laporanana kakayaan kadengena mani pating jelegur. Mamang mah bati ngelayna jeung nelegan ciduh bae,” walon Mang Suadma.
“Mamang na kunaon nalungtik kana urusan laporan kakayaan para pangagung nu aya di lembur atanapi tingkatan nu langkung luhur? Kamenit-menit, ata mah pirengkeun bae, teu kedah dikomentaran ku lepel Mamang. Dalah ku tingkat nu paling luhur ge, sapertos nu apilain,” ceuk Si Otong.
“Heueuh kana kituna mah, ngan bae naon maksudna tiap pangagung kudu ngalaporkeun kakayaanana? Ari euweuh tindaklanjutna mah nya keur naon, ka bau-bau sungut balas laporan atawa kajahat-jahat keretas kudu mere laporan pangaboga masing-masing pangagung,” omong Mang Suadma.
“Atuda namina oge aturan kedah dilaksanakeun ku tiap pangagung anu nyepeng kalungguhan strategis nu aya di lembur. Tangtos nu ngalaporkeun kakayaan pribadi oge langkung ti pinter tur ahli berkelit, saniskara pertanyaan, jawabanana parantos disiapkeun sangkan salamet tina panalungtikan,” jawab Si Otong.
“Heueuh nya Tong beda jeung di nagara sejen, cenah, lamun aya pangagung boga kakayaan anu teu asup akal sok ditalungtik make rumus pembuktian terbalik. Timana bae cenah, eta kakayaan anu sakitu ngajelegurna dibanding pangasilan/gajih sabulan anu ukur ngayuta bari can karuhan cukup keur mayar itu, mayar ieu, nutupan itu, nambalan ieu jeung sajabana. Atuda ari laporan kakayaanmah ukur sarat, padahal anu teu dilaporkeun atawa nu dibunikeunana …? Bisa jadi nilaina saditueun ti ngageledug. Bisa bae pausahaanana ngaran batur, ngaran pamajikantempat usaha jlug-jleg dimenda mendi. Nya meureun moal kadeteksi. Nya eta mah kumaha ceuk arandika bae Tong, sabab anu bakal ngarasakeun gula asemna iwal ti soranganana, lain batur.Urang mah teu kudu ngalobakeun banyak, komo bari jeung suudzon mah, pamali. Tapi, jaaah…anjogna mah…!” ceuk Mang Suadma, teu kebat nyarita.(Kang Emsul)