Sabiwirhiji

Open House Vs Open Koprek

BARETO mah rebuan warga pagugulung bari jeung kapentrang panon poe saking hayangna ngadeuheus ka raja (Sultan) nu aya di eta  karaton atawa bopati/wali kota daerah masing-masing. Tujuanana rek  sasalaman ka eta pangagung sakumaha anu dipilampah unggal poean bada/Lebaran sataun sakali, anu katelah open house tea.

“Tong, ari maneh kamana bae poean Lebaran teh? Teu milu open house?” tanya Mang Suadma.

“Open house kamana, kasaha open house-na atuh Mang?” Si Otong malik nanya.

“Nya ka pangagung nu aya di gedung putih, sugan we meunang peunteun,”  tembal Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, saurna taun ieu mah teu aya open house?” tanya Si Otong.

“Teu meunang soteh jalma-jalma tertentu, diluar eta mah heug-heug bae,” ceuk Mang Suadma.

“Muhun kapungkur mah anu sok ngayakeun open house dina dintenan bada (Lebaran) teh para pejabat sareng pagawe sanesna,”  tembal Si Otong.

“Oh … kitu, eta mah kumaha andika bae da keur Mamang mah bareto keur usum open house tara miluan, komo ayeuna. Mamang mah  hayang ngayakeun opeh koprek itung-itung gaganti open house,” walon Mang Suadma.

“Punten, Mamang mah kirang gaul. Open koprek mah teu aya dina buku rusdi-na,” tembal Si Otong.

“Maneh sok salah paham, ari open house pikeun sasalaman jeung  bopati/wali kota, eta mah aya udang dibalik batu, keur ukuran anjeun mah,  kitu lain? Sangkan meunang perhatian tea?” tanya Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, salami usum open house kapungkur  abdi mah tara ngiringan,” jawab Si Otong.

“Tapi Mamang mah panasaran, hayang ngayakeun open koprek itung-itung gantina open house, (open koprek vs open house) kudu rea nu datang ka Mamang. Lamun teu daratang ka Mamag (open koprek), maneh sarua jeung tibalik liang wadukna. Hanas  bareto menta pangampura ka kolot kuat ka  diliwatan, ari ka nu sejen diheulakan, kumaha rarasaanana. Erek ge heulakeun kolot, apanan ari indung teh tunggulna rahayu, bapa tangkal na darajat, kari-kari teu dilieuk ku mata sabeulah, nyaneh teu sieuneun doraka. Naha teu ka indung bapa heula anu dinomer hijikeun, karek kanu sejen da taya nu nyaram ieuh. Heueuh ari menta pangampura kakolot bari jeung sataun sakali ukur sakolepat pisan kawas papatong ngisang, ari ka bos diistimewakeun. Sasapaan teuing, teu sieuneun kawalat, nyaneh teh…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button