Sabiwirhiji

Bareto Dirajia, Ayeuna Kudu Make HP

BARETO mah meh unggal usik guru ngarajia HP budak sakola, hususna ka para siswa SLTP jeung SLTA. Maksudna ngayakeun  rajia tujuanana  hade pisan pikeun ngingkahan pintonan gambar-gambar anu teu pantes dilalajoan ku barudak. Sabab dina eta HP teu sakabeh gambarna mere mangpaat, tangtu aya oge anu matak mawa madarat antukna ngaruksak moral anak bangsa.

“Satuju pisan Mamang mah guru mindeng ngarajia HP barudak sakola teh,” ceuk Mang Suadma.

“Sami, abdi ge satuju. Margi  upami  diantep karep, budak mah tiasa sakaba-kaba ngagolangkeunana, tiasa bahaya, Mang,” walon Si Otong.

“Bareto mah mun aya budak sakola keur ngoprek HP, heug kanyahoan guruna,  teu antaparah deui, pasti dirampas. Bisa ditebus, tapi lain ku duit, kolotna kudu datang ka sakola pikeun nyokot eta barang sangkan budakna ulah deui-deui mawa HP ka sakola anu dipinuhan ku gambar lain deuleueun budak sakola,” tembal Mang Suadma.

“Mugi-mugi bae nya Mang, eta aturan sakola dilarapkeun salawasna kalawan ketat tur tegas,” jawab Si Otong.

“Ngan jaman ayeuna mah teu kitu Tong. Bareto nu mamawa HP ka sakolah pasti keuna sangsi ti guruna. Ayeuna mah sabalikna, barudak sakolah wajib make HP, komo di imah mah bebas pisan,” ceuk Mang Suadma.

“Oh … muhun nya Mang, margi ayeuna mah diajarna oge online alatan aya panarajang pirus tea,” walon Si Otong.

“Heueuh nya Tong, samprak usum diajar daring kangaranana eta alat komunikasi dipentingkeun pisan. Lamun teu boga HP, wayahna bakal katinggaleun mata pelajaran jeung sarupaning kagiatan anu ditugaskeun ku sakola,” ceuk Mang Suadma.

“Leres nya Mang, atuda kumaha upami teu kitu (diajar teu make HP) bade kumaha bade tiasa ngalaksanakeun pangajaran. Nya eta mah sing ati-ati we nu janten sepuhna pon kitu bapa/ibu guru di sakola. Ulah kenaning dibebaskeun nganggo HP, namung bebas pisan tina pengawasan guru sareng sepuhna di bumi,” tembal Si Otong.

“Tah eta anu jadi masalah teh. Bareto budak mawa HP ka sakola dirajia, ayeuna siswa diajar kudu make HP, teuing lah menit. Atuda lamun teu ngagunakeun HP bakal buntu diajar da tugas pangajaranana ngaliwatan HP. Ari diantep karep tanpa pengawasan, biasa bae eta alat komunikasi dipake sakaba-kaba, mukaan gambar anu lain deuleueun budak. Tapi nya kitu, ari tanggung jawab pendidikan mah, tanggung jawab sarerea, atuh guru di sakola, wali siswa di imah katut masarakat. Kumaha carana eta alat komunikasi bisa mawa maslahat katut mangpaat pikeun sarupaning kahirupan, kaasup mangpaat keur barudak sakola. Komo ayeuna mah diajar daring, online, jum miting jeung sajabana,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button